> MRachmat Rawyani <mrachmatrawy...@...> wrote: > Data base cukup ku program Exel wae cenah. Jadi data anu aya di KPU > ayeuna ngangge program exel (atawa ngarah murah meriah tea > meureun).
Ih Excell mah software sae, bakating ku SAE, tepi ka gampang nganggona. Tah kulantaran kitu aya saena oge lamun program-program komputer keur nu awam pisan, nu kabisana ngan Word sareng excell wungkul, didamel dina Excell. Excel tiasa "diruwet-ruwet" (khusus keur programmerna) margi dilebetna aya VISUAL BASIC FOR APPLICATION. Baheula Kuring mangnyieunkeun program pembukuan (akunting) keur pamajikan nu digawe di instansi pamarentah. Lumayan kapake terus, tepi ka robah sistemna jadi DIPA, lain DIP deui. Pamajikan bisana ngan Excel jeung Word, rek mangnyieunkeun make nu "canggih-canggih" make Delphi atawa FoxPro, sieun teu sampurna (maklum sakadar mangnyieunkeun, gratis). Lamun aya salah (bug) pamajikan teu bisa ngeditna ....mending ke Excell nu manehna geus "wanoh". Ayeuna mah pamaretah cq Depkeu, mere software kanu ngurus Keuangan Instansi pamarentah teh, dijieunna ku FoxPro. Teuing sabaraha tah biaya proyekna ....da dibanding-banding jeung nu meunang kuring teh, teu pati jauh. Nu jelas mimiti mah pamajikan lieureun make software eta teh, meus-meus mamawa laptop ka kantor KPN, nanyakeun kudu kumaha makena ..... Baktosna, WALUYA

