kamari nguping deui yeuh....
KPU menta duit deui IDR 1.4 T keun teu jadi oge PILPRES putaran ka dua tp duit 
eta menta diturunkeun...
alesanna mah keur mayar ieu itu....
puguh gawe geh can rengse..... mani gampang pisan menta duit teh....
tapi keun waelah.... uwing mah rek nonton wae.... rek kumaha seh lalakon KPU 
ngkin anggesna siga naon urang lalajo wae sasarengan......

  ----- Original Message ----- 
  From: dede solehudin 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, July 23, 2009 5:03 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Bosen ..euy!...aya prosesna atuh!..program exell


    
  jigana aya daun suukna kang atawa daun nangka!
  kuringmah can pernah saumur nyuhun hulu nyekel duit 24 T.
  maenya hasilna 24T teh jiga kieu, loba ceda-na!

  tapi keun we pan urang indonesiamah mahluk pembelajar.
  "bangsa yang sedang belajar demokrasi" cenah.
  diajar demokrasi 24T?


  jangdede

   
  2009/7/17, opiq_benteng <[email protected]>: 
      

    Anggaran anu IDR 24 T teh diaranggo naon hungkul atuhnya.......
    Mani wa'as ngupingna....nepi ka maruringkak bulu....ih....seremmm...
    IDR 24 T teh acis sadayana kang.....?

      ----- Original Message ----- 
      From: dede solehudin 
      To: [email protected] 
      Sent: Wednesday, July 15, 2009 12:30 PM
      Subject: Re: [Urang Sunda] Bosen ..euy!...aya prosesna atuh!..program 
exell

       

      walah...
      kakara apal kuringmah kang!
      KPU pake exel?
      Anggaran 24 T, tapi DPT ngagunakeun Exel?

      Inalillahi...
      pantesan loba kasus DPT ganda.....!


      jangdede

       
      2009/7/14, MRachmat Rawyani <[email protected]>: 



              Leres kang Dede.
              Ieu mah aya dongeng sanes yeuh, perkara patinggi KPU ayeuna.
              Batur kuring anu terang perkara TI, ngusulkun hiji program kangge 
ngadamel data base KPU. Tapi ku ketua KPU ayeuna ditolak. Data base cukup ku 
program Exel wae cenah. Jadi data anu aya di KPU ayeuna ngangge program exel 
(atawa ngarah murah meriah tea meureun).  Puguh wae atuh diseungseurikeun ku 
batur kuring. Eta meureun, pedah latar belakang ketua KPU ti jurusan Agama, 
ngan terang program exel wae.
              (punten ah, ka wargi anu saderek sareng para anggota KPU, ieu mah 
mung sakadar heureuy ti batur kuring).

              baktos,

              mrachmatrawyani


              --- On Tue, 7/14/09, dede solehudin <[email protected]> wrote:


                From: dede solehudin <[email protected]>
                Subject: Re: [Urang Sunda] Bosen ..euy!...aya prosesna atuh!
                To: [email protected]
                Date: Tuesday, July 14, 2009, 12:27 PM



                jiganamah pamarentah urang teh kurang epektip nya kang.
                kuringmah ngabayangkeun, lamun nagara urang boga single 
database anu terus update jiganamah moal jiga kieu kaayananan. DPT bermasalah, 
nu tungtungna nagara jadi paciweuh.
                Lamun boga Single Dtabase, pan lamun aya jalma anu maot lngsung 
secara realtime di koreksi. Kitu deui lamun aya anu lahir. Jadi sawaktu-waktu 
sahabae bisa nempo jumlah penduduk indonesia secara realtime.
                iraha nya urang bisa kitu?

                ceuk jangdede bari ngalamotan curuk....

                 
                2009/7/14, MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@ yahoo.com>: 



                        Jigana memang di urang mah aturan jeung tetek bengek, 
tata titi teh teu pati dipirosea. Leres naon anu dicarioskeun ku Bah Surtiwa, 
aya aturan-aturan dina perkara  Pemilu ieu teu pati diajenan.
                        Contona, pan satiap TPS teh kedah aya saksi anu beda 
partai, gunana pikeun ngawaskeun proses pamilon. Saksi ieu dianggap nyaho kana 
aturan perkara tata titi pamilon.
                        Salian ti kitu, memang patugas ti lingkungan handap 
RT/RW/Kelurahan/ kacamatan nepi ka kabupaten, teu acan pati profesional alias 
teu soson-soson digawe. Perkara NIK (Nomor Induk Kependudukan) kuring oge can 
boga. Padahal Proyek NIK ieu teh kapaning ti jaman samemeh Pamilon. Batur 
kuring wae, kusabab pagawe pamarentah sok pundah pindah, boga KTP nepi ka 6 na. 
Kumaha teu riweuh atuh patugas sensus.

                        baktos,

                        mrachmatrawyani

                        --- On Tue, 7/14/09, H Surtiwa <surt...@gmail. com> 
wrote:


                          From: H Surtiwa <surt...@gmail. com>
                          Subject: Re: [Urang Sunda] Bosen ..euy!
                          To: urangsu...@yahoogro ups.com
                          Date: Tuesday, July 14, 2009, 6:28 AM


                          Tah kaciri anu eleh tuly dengdem...neangan satekah 
polah keur ngajatuhkeun KPU..Nyieun pidato Pulitik di imah...rek naonnya..... 
.Padahal mah gampang tingali wae Undang2 pemilu gambalang pisan...Soal DPT oge 
pan jelas ayana (pisikna)  ditingkat Kabupaten lain di KPU Pusat...Tah eta 
kopina oge aya di tingkat Kabupaten. Eta DPT kedah diumumkeun tapi teu wajib 
dibagikeun ditingkat Kabupaten. Ari anu eleh keukeuh gumeukuh menta salinan DPT 
ka KPU Pusat..jelas wae kulantaran aya UU na ..diantepkeun alias teu 
dibere....rame oge....



                          2009/7/13 mj <ja...@itenas. ac.id>







                            Hahaha..enya, kalolobana mah ngaraos bosen, lieur, 
bete kuayana sarupaning pemilihan langsung kituw. Padahal sigana ieu kieu teh 
hasil reformasi nurunkeun suharto.

                            Da keur jaman HMS mah, adem ayem, teu rame teuing 
siga kiwari. Sagala pamilihan cukup ku DPR, DPRD 1 DPRD II – bari jeung 
tingtrim tentram tea. Da harita mah cenah,  loba calon walikota, bupati atawa 
gupernur pesenen atawa di drop ti pusat. Tangtara Angkatan darat, ti letkol 
nepi ka mayjen seueur nu kenging jatah bupati, walikota jeung gupernur. 

                            ngan milih kuwu/kades nu langsung mah. Eta mah 
warisan nenek moyang tea. Haha.



                            Jaba jaman digital printing teu acan usum. 
Dimana-mana ngan gambar tilu partey (ppp, golkar & pdi) dina kertas. Hehe. Nu 
lucu harita golkar ngakuna lain partey. Duka naon. 



                            Sacara empiris-pangalaman mah sigana, kusabab 
pil-pil kitu teh masih barang anyar, nu  cenah demokrasi enyaan. hehe


----------------------------------------------------

                            From: urangsu...@yahoogro ups.com 
[mailto:urangsu...@yahoogro ups.com] On Behalf Of waluya2006
                            Sent: Monday, July 13, 2009 12:04 PM
                            To: urangsu...@yahoogro ups.com
                            Subject: [Urang Sunda] Bosen ..euy!




                            Meski saya juga yakin SBY menang--saya tak 
mencontreng karena bepergian--saya tak menduga suaranya begitu besar. Jika 
betul menang satu putaran, ini bisa mencairkan kejenuhan di masyarakat. Yang 
jelas, JK tetap saya kagumi, beliau kesatria sejati: kalah tanpa dendam.


                            




                  













  

Kirim email ke