Hih, nya pasti atuh Bah, satungtung aya pameget mah pasti we rame hoghag* mun istri sadayanamah atuh bosen. Ke la istri ge tos emansisapi ayeuna mah sok tingkelepuz... Sok ah, Prov. Irpan (Prov = Provokator) teu aya, gentos ku Bah Iwa & Kang Dadi heheh*
ro2 >>> [email protected] 07/17/09 01:45PM >>> Sok aha diprovokasian mimiti ku sayah " Satungtung aya lalaki didunya..urusan udud jeng Nyandung bakal aya terus" ! 2009/7/17 Dadi Kurniadi <[email protected]> "Nyandung jeung Udud" dua hal nu matak leuwih rame. Kurang leuwih 3 taun kuring ngiluan ieu milis, nepi ka ganti email khusus keur milis. ngan beh dieu na ken jarang ulu biung jeung nu dicaturkeun kusabab pekepuk ku karipuh, ukur noongan jeung noongan wae. Sakapeung seuri nyenghel mun aya nu pikalucueun, sakapeung nyeak mun aya pendapat nu teu panuju, da biasa sing saha wae oge aya rasa ka panas mah, sabab kahayang na mah sakabeh oge pikiran na kudu sarua jeung sapamadegan. Tapi pan teu kitu, beda jalma beda deui eusina, tah hal ieu nu matak rame teh. Ceuk kuring, keun wae rame mah...

