Nyeta MH, kabeneran teu pati apal kana masalah per-Oncom-an teh. Nu uing nyaho, Oncom Pasireungit mah kelirna hawuk, wangunna deple kira-kira 2 cm, kacangna lemes (cocog keur nu nyeri huntu atawa teu boga huntu kayaning inin2 & aki2). Rasana leuwih pelem. Ari oncom Bandung mah kelirna oranyeu, kacangna bolotot.com baradags keneh. Rasana semu-semu pait khas oncom. Wangunna kandel bin kedewil (5 cm). Dibandingkeun jeung Oncom Bandung, harga oncom Pasireungit mah rada mahal, ceuk MJ ge duit mah tara ngabobodo. Keur di lembur keneh mah, samemeh nyieun comro, indung uing sok nanya heula, rek make oncom naon? tangtoz*oncom Pasireungit!
ro2 ke sugan iraha2 rek motoan oncom Pasireungit ah* pan kudu dikaji & diinformasikeun heuheu... >>> [email protected] 07/17/09 07:27AM >>> Teh Roro, oge baraya Sumedang sejenna. Cing ngadongeng naon tah khas-na oncom Pasirreungit dibandingkeun oncom sejenna. (mh)

