Waktu anjeun ngalengkah pengkuh nyepeng hiji pamadegan Ngabuledkeun tekad rek melaan kayakinan Anjeun ngarasa pangbenerna,ngajawara nangtang alam dunya Dina bebeneran nu ngancik na hate anjeun,saestuna anjeun geus kasasar lengkah.... Anjeun meureun rek bumela,tapi saestuna anjeun geus meungaskeun harepan,tuh tinggali layon pasolengkrah, patulayah. Getih rembes,raga nu teu walakaya dimandian segerna getih dibarengan jerit jeung koceak maratan jagat.Aya nu teu mais teu meuleum tungtuna jadi korban karerab hawa napsu nu ku anjeun dibudalkeun. Anjeun lain lalaki...
(Pangemut ngemut bom mariot, ngiring bela sungkawa ka baraya nu teu tuah teu dosa...)

