tadina mah resep noongan we wungkul ah... Tp nya dasar jelema sok aya panasarana we yeuh... Ngiring riweuh ah uwa...akang...eteh..
Kela punten kang abas bilih abdi lepat... Pedah ari 'Jihad' mah pan kata2 nu dpikasieun ku musuh2 Islam t jaman baheula, nu 'kuduna mah' dipikacinta ku urang2 salaku muslim katilu saatos Nun Gusti Allah SWT sareng Rosulullah SAW. Lamun tea mah aya muslim nu dakwah na mekel kata 'Jihad' (seueur pastina ge) ari kedah 'ditolak/dicurigai' mah atuh BERHASIL tea motif jelema nu ngbom teh atuh? Kuring mah percaya da ngabentuk jelema nu nyangkana ngalakukeun bener padahal salah pisan kawas Imam samudra cs mah 'GAMPANG'. istilahna lain cuci otak tp tinggal diajak 'ngobrol' teu bener nu seolah2 bener we... Hampura ah...ngan asa rareuwas we mun urang tungtungna kudu fobia ka ajaran islam sorangan. --- Sent with System SEVEN - the new generation of mobile messaging - original message - Subject: [Urang Sunda] Bomb teroris From: "Abbas Amin" <[email protected]> Date: 21:07:2009 07:25 Upama di Jalur Gaza atawa tepi Barat; meujeuhna ! Da kapan aya dua bangsa keur mumusuhan; sili herengan ! Ieu di Indonesia ?!!! Naon gunana nya ? Jeung Jihad ka saha eta teh ? Nu puguh jeung jelas mah ISLAM GORENG PISAN ! Nu matak kuduna mah sakabeh Organisasi Islam di Indonesia NGUTUK ka pelaku nu ngabomb; komo ka dalangna ! Ulah nepi ka kaluar FITNAH yen ieu kajadian teh didukung ku umat Islam !!! Padahal mah ngarti ge henteu tah urang sarerea ! Nu matak KUDU PISAN tah KUTUKAN teh dikaluarkeun ! Jeungna deui satiap kelompok nu mana wae ! nu dakwahna bari nyebut JIHAD JIhad jeung Jihad : ieu kudu diTOLAK; atawa ditarimana bari CURIGA !!!

