Siiiip, tah kitu atuh Kang Dadi, da ari ngabahas wae UDUD & NYANDUNG mah moal aya tungtungna, tos sakulit sadaging, kumaha deui? Hoyong salamet mah, napsi-napsi we, ngan ulah silih ganggu. Saleresnamah eta email abdi teh mapanas, bari jeung hoyong terang, cing Kang Dadi kasundut teu? ari pek teh tobat... heuheu*
Aya dongeng yeuh* Geus dua bulan kuring kapihapean alo lalaki umur 7 bulan, da indungna keur sakola di Jakarta. Atoh teu atoh kapihapean teh. Atohna, nya resep we kuring mah ka budak leutik, komo keur meujeuhna lucu, aya hiburan di imah. Teu atohna, jadi paciweuh.. imah balatak, daek teu daek keuna ku "shift". Bagian beurang indung kuring kabagean ngasuh, peutingna bagean kuring. Kapaksa kudu hudang tengah peuting, dina kaayaan lulungu mangnyieunkeun susu, nya peureum ge peureum hayam da budak keur meujeuhna motah, sieun tigubrag ti luhur ranjang. Kacipta mun buncunur tarangna, kolotna nganaha-naha. Komo mun kaparengan gering (kungsi 2 kali gering panas)* haduh, eta mah begadang aya kana dua peutingna* cunduuuuh we dipakulian. Basa bareng mimiti datang mah, budak teh hampang, kira2 8 kiloan. Alhamdulillah, beuki lila beuki beurat budak teh, awakna beuki sehat. Huntuna marucunghul tilu, geus ngorondang, ucul2 rek diuk. Nu aneh, budak teh lain ngagendutan, tapi kalahka manjangan hehehe dasar turunan jangkorang* Indung kuring mah top pisan ari kana ngurus budak teh, nya kitu deui kuring kacida bungahna, hartina budak teh loba kamajuan salila diurus di Bandung. Komo nu jadi kolotna mah nganuhunkeun pisan. Sabtu kamari, basa indung alo kuring keur pere, manehna ngasuh ku sorangan, alo kuring dibawa ulin ka buruan. Didinya panggih jeung tatangga kuring nu keur ngasuh incuna nu umurna leuwih kolot ti alo kuring. Biasa we jeung tatangga mah, ngobrol ngaler ngidul ngomongkeun budak nu keur diasuh. Ninina budak tatangga nyaritakeun yen budak eta teh keur gering. Beurat awakna teu nambahan, angger we sakitu, sok remen ngohkoh batuk. Dibawa uubar ka dokter anak, sabada dipariksa, kapanggih aya "flek" (naon Sunda-na nya? Ceda?) dina bayahna. Ditanya ku dokter teh, naha budak eta sok sina dadapangan na tehel? Henteu, ceuk indungna. Dipapay sabab musababna, tungtungna kapanggih* eta flek asalna tina haseup rokok bapa & akina. Nepi ka ayeuna budak tatangga kuring teh "berobat jalan" nu waragadna lain eutik-eutik, sayuta rupia unggal diubar. Diomongkeun kitu, adi kuring ngahuleng saendeng-endeng* bapana alo kuring (adi beuteung) tukang udud nu geus parna. Untungna (sok aya untungna wae heuheu*) tara hareupeun budak, sok ngahaja incah. Tapi kahariwang mah pasti aya atuh... Nyandung surandung alias ngawayuh, pek teh teuing kanu bade ngajalankeun mah. Ngan ari sakuringeun mah, teuing kumaha da angger teu panuju. Masalahna mah kuring ningali ku panon sorangan geus aya sababaraha dulur kuring nu nyarandung, kulawargana amburadul, paburincay ba ci co bah *hehehe* kalahka ngacaprux. Parebut bapa, parebut harta* Baraya, eta mah lenyepaneun, bade diala mangpaatna mangga* teu, nya teu sawios, teu langkung eta mah* hayu ah, tos sonten* ro2 >>> [email protected] 07/17/09 04:04PM >>> U D U D.....Cing Naon ngeunahna? naha amis? asin? gurih atanapi asa naon??? ceuik kuring nu kiwari geus MURTAD jd tukang udud, "EUWEUH NGEUNAHNA..!!" "Naha atuh make udud ari teu ngeunah mah? " Keur kuring harita, bingung ditanya kitu teh, "kena-kena beunghar, duit ge didurukan?" "Ah da lain ngadurukan duit uing mah, tapi ngadurukan ududeun" ceuk kuring kereng kanu, ditungtungan ku nyelengkeung "KUMA AING WE...DUIT..DUIT AING, SUNGUT..SUNGUT AING..naha make usil sagala" ceuk kuring naek darah. "IRUNG IRUNG AING, MATA MATA AING, na maneh bet muput AING..." ceuk jelema dijuru nu titatadi nutupan irung, Tungtungna sora jadi wang weng wong, meh kabeh jelema nu aya dina jero angkutan tilu parapat jurusan bantarujeg-cicaheum jadi silih tempas. teu beda we jaman kiwari wang weng wong na milis, ngan teu kieu we " tolombong kaleng, belut ditalian, tong ngomong gandeng, gelut sakalian" Tapi kadang2 ketang, alatan parebut omong nguruskeun udud, jeung babaturan ge nepi ka tara patanya nepi ka saminggu, ... tah dina hal ieu ge geus nambahan mudharat udud teh, can tina akibat nu ditimbulkeun dina jangka panjang keur awak urang jeung awak batur, sabab cenah nu udud pasif bakal leuwih bahaya. "Atuh mending udud aktif we sakalian..yeeee si eta mah!!" "atuh mun pamarentah ngalarang udud, meureun tutup pabrik rokok, patani bako oge bangkrut, rek sabaraha pangangguran nu timbul gara2 pamarentah ngalarang ngaroko." Ceuk uing, moal rugi...jual we kaluar negeri, pan loba keneh diluar negri nu pamarentahna nu teu ngalarang ngaroko. mun di luar negri geus ngalarang kabeh, Naha atuh urang masih ngaroko keneh???" eh kalah nguruskeun ngaroko...geuning...pan keur nguruskeun udud lin tadi teh? punten uing poho (tah ieu efek sampingna kuring baheula ngaroko, pohoan) N Y A N D U N G.....Kuring can ngalaman, jadi can boga pangalaman, kuring teu bisa panjang lebar ngabahas nu kieu mah, diserahkeun we ka nu ahlina...teuing naon ngeunahna teuing naon nu teu ngeunahna, Mangga........geura rame.... Wasalam Nu sebel ka nu sok udud dina angkot

