jam dalapan peuting sanggeus... gegelehan sakeudeung, terus nguniang... rada 
bingung kamana yeuh ulin peuting teh jaba ngan sorangan..., biasana ulin teh 
sok jeung si salim urang tangerang, ayeuna manehna keur ulin rada jauh.... 
memang ngajak tapi.. ditolak ku kuring sabab cenah rek leumpang saminggueun... 
wah can waka arek ari kitumah, alun alun geus kamari dua peuting ulin teh, ah 
rek ka tegal lega we...

kaluar ti mesjid agung teh kuring leumpang ngaliwatan....jalan asia afrika 
tuluy mengkol ka otista... masih rame da puguh sore keneh... nu jualan loba 
nukeur ngaladangan, katingali cape cuh cih,... tapi pasemona eces jentre 
maranehna galumbira da jualanna payu....

leumpang teh zigzag sababaraha puluh meter kuring meuntas jalan... kitu deui 
mun geus sababaraha puluh meter meuntas deui, angkohan meh loba panggihna jeung 
nu bisa ditingali atawa didenge..

aya kana satengah jamna karek nepi ka tegal lega teh... terus asup ka palataran 
lapangan nu harita mah can di pager jeung loba jukut nu ngajejemrung... tenda 
loba nu dijieun dadakan di tukangen rungkun... tukang roko loba nu ngulampreng 
lain dina kios...

"a roko na a..." kuring ngareret... "enya a cik setengah roko garpit a..." ceuk 
kuring angkohan teh asal aya sesa keur meuli bajigur we da tadi buka puasa rada 
dihabek pisan tah.. kabeneran malem salasa karek balik tadi beurang ti lembur 
jadi rada aya keneh bekel, da biasanamah meuli udud teh ukur sabatang....

"ieu a.." ceuk nu dagang bari mikeun roko jeung pulangna.. pok deui manehna 
nyarita.." bade nganggo a... nu abdi sarae.. ngarora keneh deuih... pangaosmah 
gampil lah... tingalian heula weh yu.." ceuk manehna pertentang...." moal a... 
mung amengan wungkul... ke sanes waktos" ceuk kuring bari neruskeun leumpang 
kukurilingan

teu karasa kuring geus nepi ka sisi lapang di beh jalan m toha...., euleuh 
miripis... beuki gede... kuring luak lieu neangan keur ngiuhan... kitu deui nu 
keur nalongkrong paburisat... awewe.. awewe nu jarualan.. cing balecir bari 
cicirihilan arasup kana tenda nu ngan ukur satengah dada jangkungna.

kuring ngiuhan ditukang bajigur nu ngahaja ku kuring diteangan bari rada 
lulumpatan... " mang aya terpalna teu..?" ceuk kuring ka tukang bajigur 
maksudteh meh rada lega ngiuhanna...' aya jang tah batuan talikeun ka dinya.." 
ceuk manehna bari nunjuk kana tihang urut umbul2

"kang... bajigur hiji..." ceuk kuring bari ngaluarkeun ududeun

"ieu jang.... kumaha geus ?" ceuk manehna bari nyerengeh...

"geus naon kang ?"

"enya eta... taeun..."

"ah henteu kang uing mah ulin wungkul..."

"a...a.. bade ?" ceu awewe umur kira-40 taunan bari gumeulis noel kuring bari 
manehna gek gigiren.., kuring teu nembal hade teu nembal goreng ngan ukur seri 
maur bari terus nitenan manehna, nu terus luak lieuk...

awewe tadi ngagupayan lalaki nu titadi nangtung deukeut kompor tukang 
bajigur... nudigupayan nyampeurkeun.

"kang yu ah maen... 15 rebu we yu..."

"hujan ah..."

"moal da iyuh.. jaba aya bangkuan moal baseuh tina jukut yu..."

"moal ah...."

"10 rebu we.. yu.." ceuk awewe eta bari leungeuna nyekel lalaki tadi..., nu 
tuluy dikepeskeun ku lalaki bari pok " ceuk aing moal...moal...siah" bari tuluy 
ngoloyong ka deukeut kompor deui

awewe tadi luak lieuk deui... ku kuring katingali aya cai hujan nu maseuhan 
beungeutna... manehna nyusut bari rada tungkul wedakna nyuridat tapak 
panyusut... terus ngaluarkeun wedak jeung lipen tina kantongna... manehna bari 
tetep luaklieuk..., bari sakali sakali manehna ngereret kuring jeung tukang 
bajigur...

"a..a.. kadieu sakedap...." ceuk awewe ka lalaki nu kabeneran ngaliwat ditiung 
ku dus...., lalaki ngan ukur ngalieuk bari teus manehna leumpang

"kang.... bandrek hiji..." rada ngarenjag kuring sabab nu ngomong teh datangana 
ti tukangeun bari terus diuk di gigireun kuring... kuring rada ngiser mere 
tempat, jadina kuring di apit ku awewe jeung lalaki nu anyar datang...

"nuhun kang.... jang teh ngaleueut..." ceuk manehna sanggeus narima gelas 
bandrek nawaran ka kuring jeung awewe... sabeulaheun...

"ah narik teh kuduna hujan kieu teh alus tapi peuting ieumah rada 
goreng...yeuh" ceuk manehna ngomong nu teuing ditujukeun ka saha...

"jaba tiris kieu yeuh...." pok deui

"a... bade ?" ceuk awewe sabeulaheun bari noel ngaliwatan kuring.. kuring rada 
ngadayagdag..

"sabaraha...?" ceuk lalaki nu sihoreng tukang beca

"hayu... 15 rebu weh...."

"ah moal mahal teuing..."

"10... we atuh 10 yu...."

"hahahahahaha.... 10 teu hayang teuing pan eteh ge ngeunah..." ceuk tukang beca 
ngabarakatak

"sabaraha atuh a... sok ngupingkeun..." ceuk awewe bari gumeulis

"gratis we yu... sarua tiris yeuh..."

"atuh tong kitu... a.."

"kieu we... urang boga ngan 3 rebu daek teu ? tong kasinggung mun henteu..."

awewe... ngaheruk... bari nahan tetep gumeulis.... katingali manehna melong 
kana roda bajigur terus tanggah... teu lila pok

"hayu a... wios lah tapi tong lami nya..."

"tah kitu atuh meh langganan... jaba urang pan haneut sarua..., kang nitip 
gelas nya " ceuk tukang beca bari nangtung

saterusna duaan patungtun-tungtun bari silih toel asup kalapangan nu ngiles teu 
katingali kahalangan jukut nu hieum...

****
teu kungsi lila... torojol duan kaluar tina rungkun nu ngan katingali aya tenda 
bari cicirihilan....

"kang ieu tadi bandrek tambah kulub cau..." ceuk tukang beca...ka tukang 
bajigur nu tuluy manehna ngaleos....

"kang abdi nyuhunkeun bajigur hiji..." ceuk awewe tadi bari manehna kop kana 
kulub sampeu, gek manehna diuk dina urutna tadi

"a... bade kulub sampeu ?" ceuk manehna bari ngareret kuring...

"nuhun teh henteu.."

"hesok a... tah atuh kulub cau atawa ganyong... sok meh teu tiis patuangan..."

"hatur nuhun henteu teh...."

"enggal a... sok kadinyah... " bari manehna nangtung nyokot kulub cau nu terus 
diasongkeun ka kuring...

kuring colohok mata simeuteun bari narima cau... 

"nuhun..." ngan sakitu nu kedal

"hesok gera tuang...keun we da teteh aya artos mah pan nembe... kenging 3 
rebu.... alhamdulillah nya a... aya rejekina, puguh rada tiis patuangan ti tadi 
nembe ngalarisan hehehehe"

kuring ngan molohok kosong... tikoro mimiti rada garing engap.... aya nu 
ngaleketey tina hate nu nyurungkuy kan tikoro jeung mata...pok deui manehna

"tah sampeu gera a, kuat nahan lapar jabi pan ieu muruhpuy hujan... bilih lebet 
angin..." 

bari ngobrol teh manehnah nyahnyehnyoh kana kulub sampeu... dua gelempeng ngan 
saketap... bangun lapar pisan..

"a bade kamana ?...aya ongkos ?.... " ceuk manehna deui.. bari terus mencrong 
ka kuring....

"taman sari..." ceuk kuring pondok

"pami teu aya ongkos ieu... anggo heula artos teteh...., ke mudah-mudahan aya 
deui rejekina" ceuk manehna bari ngasong keun duit sarebu... kuring teu bisa 
ngomong... tikoro geus teu kuat nahan sagala rasa... mata geus beueus....

kuring nangtung... teu bisa ngomong maksudmah rek pamit... tapi teu kedal ngan 
ukur manggut, tuluy kuring leumpang maju ka arah kebon kalapa..., 

"a....a... antosan sakedap....ieu candak... teteh nyaan... hawatos hujan" awewe 
tadi ngageroan bari ngacung-ngacung duit sarebu...kuring nambahan lengkah bari 
geus teu kawawa ceurik,

kulub cau kukuring terus dikeupeul pageuh.... ieu jimat..., ieu rejeki.... hate 
terus ngocoblak bari teu eureun cai mata ka luar..

hayang teuing kuring boga gawe komo nepi beunghar.... kuring rek ngajait 
manehna..., moal moal ningali naon pagawean asalna... kuring rek 
ngagawekeun.... manehna engke, Gusti tangtayungan manehna....

***

rancucut datang ka taman sari teh... geus ampir setengah hiji peuting..., gusat 
gesut mandi... wudhu.. kuring sholat dua rokaat bari ceurik.... ngahaja sholat 
keur manehna.... jeung ngadoa sabisa..bisa.. bari nyahareupan kulub cau 
pamere...

manehna lapar... manehna tiris... manehna teu boga kabisa... manehna bodo... 
manehna loba diudag-udag... manehna loba dijejeleh... manehna bisa mere sarebu 
leuwih tina duit 3 rebu bari jeung dahar manehna...manehna jelema indung 
budakna... jaga meureun nini incuna..., basana sarua... hatena sarua..., 
seurina... ceurikna...kanyerina sigana moal beda.... da sarua jelema...

kuring masih ceurik bari mesek cau... ngadaharna... neureuy jeung caimata... 
nilepan cangkangna kukuring di bungkus lawon meunang nekteuk tina baju jero nu 
baseuh ci hujan... lain lain kuring rek ngadewakeun... ngan keur panginget... 
nepi kaayeuna cangkang cau geus leuwih 15 taun aya salilana dina saku kuring....

*****
hanca....

tukang giribig

Kirim email ke