Punten simkuring oge bade ngiring mairan, manawi bahan katampi...


Perkaiwis kintunan ti kang Giribig, ditempas ku kang Arif Ramdlan, numutkeun 
pamendak simkuring, duanana nurug cupu pisan, anu hiji nyarioskeun panjang 
lebar, anu hiji nempas ku pasualan anu teu mencog tina alur carita sateuacanna, 
cindekna mah pihartieun yen sadayana ngadurenyomkeun pasualan campuradukna 
antawis kabathilan (kajahatan) anu dibulen ku mangrupa alesan anu pimatakeun 
jeung siga ngaharib2 peta (gawe) anu ‘permissible’.



Osok remen panginten ngadangu langgam ti Titiek Puspa ku kupu-kupu malamna, the 
mercy ku pramuria-na, jrrd. Da puguh pami ningal tina jejer lalakon dikitukeun 
teh deuh matak carinakdak, kagagas jeung mangkarunyakeun, ieu mun noong tina 
lebah kamanusaana (kadunyaan). Tapi da pami noong tina bagbagan agama mah (ka 
Islaman) tos jentre batasan-batasan mana anu kalebet perkara kasaean, mana anu 
kalebet kajahatan, atuh kumaha carana ngabentenkeun antawis nu sae sareng tu 
goreng teh? Nya pami lebeng-lebeng teuing mah wayahna weh sing motekar turas 
taros, tos ceuyah jalma-jalma sae atanapi anu hoyong sae anu siap metakeun 
ciciren yen anu kitu teh anu, anu kieu teh anu, ah.... apanan asa pamohalan 
apan ti budak keneh ge urang tos apal ku atikan kolot2 urang atawa lingkungan, 
mana anu sae mana nu goreng teh.



Naha atuh anu karitu osok murugul boga laku sapertos “runtah”? eta yaktos ceuk 
simkuring yen maranehna teh sangsara tina atikan palebah agama, enya maranehna 
ge boga rasa jeung bisa ngabedakeun nu bener jeung nu salah, ngan hiji 
kakuranganana nyaeta teu bisa nyaluyukeun bener mungguh agama jeung salah 
mungguh agama oge. Da lamun enyaan mah maranehna jalma “garti” dina palebah 
bagbagan agama, asa pas pisan ieu ayat teh:



Mangkahade ulah anjeun campuradukkeun antara nu hak jeung nu bathil jeung poma 
ulah disumput salindungkeung eta anu hak teh, sedeng anjeun geus nganyahokeun 
(ti anggalna), (Albaqarah : 42)



Lamun nilik tina kaayaan eta jalma anu “tuna harti”, ngamangpaatkeun “tuna 
harta” ku jalan ngahayukeun sagalarupa polah supaya manjang hirup, ceuk Titiek 
Puspa mah ceunah “yang dia tau hanyalah menyambung nyawa”, atuh kumaha carana 
ngaropea maranehna sangkan ningkat dina ajen harta jeung harti? Tah, palebah 
dieu kudu aya adumanis ti sagala rupa pihak, boh ti pribadi-pribadi anu boga 
niat mulia ngaronjatkeun jeung ngahudangkeun maranehna tina peta salah, oge ti 
pihak pamarentah anu komit kana ngageuing rahayat supaya merenah dina 
kahirupanana, boh dina harta kitu deui “harti”-na.

Ceuk harepan simkuring mah mugia maranehna teh bener-bener kajait tina perkara 
kanistaanana ku lantaran ka teu nyaho tea, sabab mungguh Gusti Allah jembar 
panghampura, kukituna maranehna tisagedengeun kajait dina perkara kadunyaan oge 
tobat nu sabener-bener tobat.



Asa cocog mun ningetan komentar kang Subur perkara anu no. 4 jeung 5 tea nyaeta 
jalma anu mentog teu aya jalan anu sanes, ceuk si kuring keneh, lamun enyaan 
mah maranehna boga keneh wiwaha (ngaragangan diri), deuh estu ngabarak rejeki 
ti Allah Ta’ala mah, ceuk kang Rusdi, kajeun keneh jadi tukang kindeuw (tukang 
mulung) tibatan diri dirurujad ku kanistaanmah, jadi jalma ku jujurmah 
insyaAllah metik hasil nu mulia oge. Jadi emut carita budak awewe tukang jualan 
susu embe jaman khalifah Umar al farook, minangka panghasilan susu embe-na 
saeutik, meunang gogoda ti indungna ceunah tambahan weh ku cai supaya timbangan 
susu teh teu ngurangan, eta si budak kekeuh embung, ceunah enya oge tipeuting, 
enya oge teu kapanggih ku khalifah, tapi mungguh Allah mah nyakseni dina tiap 
rengkak paripolah urang, eta kajujuran budak diburuhan ku Allah Ta’ala ku 
dikawinna manehna ku anak khalifah Umar bin Khathab nyaeta Asim bin Umar, eta 
endahna kajujuran teh.



Cag ah, cangkeul....



From: subur natapradja



Nuhun waleran nana kang, katampi pisan, mung punten bilih lepat sim kuring 
sanes di Surabaya kang,

Kaleresan nuju milarian padamelan di Perth ( west australia )

Kirim email ke