Atuh pabetot betot nya?

Sholat, puasa, haji di kereyeuh, tapi sagalarupa anu goreng oge dikereyeuh, 
lamun naek taraje tea mah mereun siga naek dua hambalan tapi turun deui dua 
hambalan, terus bulak balik nepika lungse... teu puguh naha deuk naek atawa 
deuk turun...

Tapi ari pasualan anu dialungkeun ku kang Jaka Dirgantara mah sapertina asup 
perkara jiga conto diluhur, jadi ibadahna teu aya nu ngahalangan (teu kaasup 
teu sah), tapi ‘mereun’ pahalana direngkas ku dosana. Pan sidik ari anu 
ngabatalkeun sholatmah saperti di mafhum ku urang, pleus model gedeg ngaleeut 
bir. Kitu deui samodel puasa, ari syaratna katutupan kenehmah masih sah 
(numutkeun pasualan2 anu dialungkeun ku kang Jaka, teu aya pan patanyaan ‘puasa 
tapi dahar’, kacuali anu dua saperti maen isteri, ningali porno).

Teu aya bedana oge haji, ari kaasup keneh sarat jeung rukun sah na haji mah, 
eta hajian teh kaasup sah, ngan pahalana teu siga anu diusahakeunana da 
katutupan ku dosa-na komo deui mereun mun dosa na leuwih gede tibatan pahalana 
ngadon cape teu kapake, ieu mereun nu kasebut jalma bangkrut teh... 

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf 
Of Limbad Master
Sent: 23 Juli 2009 4:16 
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] TEGAL LEGA MERE CIMATA

 

  

bade ngiringan ngalungkeun eupan ah bah Nata, upami kieu :

- Sholat, puasa, haji tapi KORUPSI

- Sholat, puasa, haji tapi maen ISTRI

- Sholat, puasa, haji tapi reseup PORNOGRAFI

- Sholat, puasa, haji KORED, MEDIT

- Sholat, puasa, haji tapi NGARIBA

- Sholat, puasa, haji teu amis BUDI

- jsjb

 

emutaneun.

 

hatur salam,

Jaka Dirgantara.

(ieu duanana sami oge ngalacur, nya..da ngical galeh harga diri oge)

 

  _____  

From: subur natapradja <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, July 22, 2009 3:38:45 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] TEGAL LEGA MERE CIMATA

  

Sok lah ka para kuncen sareng ka para sepuh, pasihan masukan perkawis anu 
kararieu, soalna ieu teh aya sangkut paut na sareng agama, janten peryogi 
kangge masukan urang2 sadayana.... ....ari komentar ti simkuring mah ngeunaan 
bahasan ti kang Arif kieu .......

Barisan anu ka 1,2 sareng 3, sim kuring teu satuju, sabab sacara langsung eta 
mah jelas2 ngarugikeun batur, jadi keur mah susah terus ngarugikeun batur 
deuih, jadi salah 2x, ...( ceuk sim kuring nu bodo )

Ari barisan anu ka 4 sareng ka 5 mah, eta mah mung ngaruksak martabat sareng 
akhlak pribadi, sanajan eta teh jalan na haram ( sadayana ge tos terang ) mung 
kujalaran kapaksa demi melanjutkan kehidupan, kitu oge mun leres2 tos mentok 
estuning mentok kabina-bina teu aya jalan anu sanes, sistem ieu sami sareng 
babi oge anu haram kenging di tuang ari tos teu aya-aya teuing pisan mah anu 
tiasa di tuang atanapi kanggo obat.

Tapi duka ketang nya kang, da eta mah mung pikiran sim kuring anu ngan saukur 
salembar atawa dua lembar terang na agama teh, duka tah engke geura aya masukan 
ti para kuncen atanapi ti sesepuh anu tos langkung jero ilmu sareng pangalaman 
nana........

Sok ah para dulur sadayan, pasihan simkuring masukan, kanggo bekel hirup supaya 
rada kacaangan... ..

nuhun sateuacan na....

 

K Nata

 

  _____  

From: arif ramdlan <riframadlans@ yahoo.com <http://yahoo.com/> >
To: urangsu...@yahoogro ups.com <http://ups.com/> 
Sent: Wednesday, 22 July, 2009 2:10:23 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] TEGAL LEGA MERE CIMATA

  

kumaha lamun kieu ; punten ngangge bahasa Indonesia

"Anah Mencuri Untuk Beli Susu Anak"
"Jual Ganja Untuk Sekolahkan Anak"
"Kebelit Utang, Ngutil di Super Market"
"Ngalacur, Sabab Miskin"
"Ngalacur, Sabab hese gawe?"

--- On Tue, 7/21/09, Aldo Desatura ™ wrote:

tah kumaha atuh... da ayeuna mung urang ningali profesi sarupaning kiyeu sok we 
loba jalma nu langsung nyemooh.... padahalmah.. . encan tangtu.. manehna nu 
nyemooh teh leuwih luhur budi pekertina tinu di cemooh...

 

  _____  

Access Yahoo!7 Mail on your mobile. Anytime. Anywhere. Show me how 
<http://au.rd.yahoo.com/mail/mobile/tagline/*http:/au.mobile.yahoo.com/mail> . 

 





__________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature 
database 4240 (20090713) __________

The message was checked by ESET Smart Security.

http://www.eset.com

 

__________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature 
database 4240 (20090713) __________

 

The message was checked by ESET Smart Security.

 

http://www.eset.com

Kirim email ke