Ulinan barudak dipalemburan, pinuh kagumbiraan,suka suka,senang senang,sok seuri sorangan mun inget kumaha harita gumbirana. Kaulinan dibarengan ku kakawihan, kawih lucu,heureuy,jorok jeung jorang, jigana geus biasa keur barudak jaman harita, meureun. Mangga emutan deui kakawihan keur waktos ulin ucing sumput. 1. Milih Ucing Cit kucuit, demang kuntul Sirit tikait, bongan tungkul 2. Mapanas ucing Cing korolok bodogol cau Ucing ngokok boolna bau Cing gogog, digogog anjing Ucing nagog,jiga nu rek ngising 3. Heureuy ngageuhgeuykeun ucing Saha euy ucingna ? Apan eta anu keur depa Dimana euy depana ? Apan eta na sayangna Poe ahad sasadia Poe senen ngahenen di salasa ramasbas di rebo rambaokan di kemis rambisbis poe juma'ah bebenah poe saptu kakara rek ngajuru Tah euy ucingna nyumput dijuru Jauhan,jauhan, tong digamahan bisi nyakar ngaherengan. Nu jadi ucing mah ngan bati ambek nyedek bae anu aya, teu wanieun ngalawan ka-batur2na, saukur nembal :'Paduli naha, barina oge da ucing bobodoan, moal jadi ucing nyaan !' Tangtos wae kakawihan dihiji lembur bisa benten jeung lembur nu sejenna. Hapunten, cekapkeun sakieu tambi tiiseun. 2

