Punten bade ngiringan ngaririweuh....


             

           
             

            

            

           

           
     

  ----- Original Message ----- 
  From: Gagak Bandung 
  To: [email protected] ; [email protected] 
  Sent: Wednesday, August 05, 2009 4:32 PM
  Subject: [Urang Sunda] Ulinan Barudak di Pilemburan


    
  Ulinan barudak dipalemburan, pinuh kagumbiraan,suka suka,senang senang,sok 
seuri sorangan mun inget kumaha harita gumbirana.  

  Kaulinan dibarengan ku kakawihan, kawih lucu,heureuy,jorok jeung jorang, 
jigana geus biasa keur barudak jaman harita, meureun.

  Mangga emutan deui kakawihan keur waktos ulin ucing sumput.



  1. Milih Ucing

      Cit kucuit,  demang kuntul  

      Sirit tikait,  bongan tungkul 



  2. Mapanas ucing

      Cing korolok bodogol cau

       Ucing ngokok boolna bau

       Cing gogog, digogog anjing

       Ucing nagog,jiga nu rek ngising



  3. Heureuy ngageuhgeuykeun ucing 

      Saha euy ucingna ?

         Apan eta anu keur depa

      Dimana euy depana ?

          Apan eta na sayangna

      Poe ahad sasadia

      Poe senen ngahenen

      di salasa ramasbas

      di rebo rambaokan

      di kemis rambisbis

      poe juma'ah bebenah

      poe saptu kakara rek ngajuru 



      Tah euy ucingna nyumput dijuru

      Jauhan,jauhan, tong digamahan bisi nyakar ngaherengan.



      Nu jadi ucing mah ngan bati ambek nyedek bae anu aya,

      teu wanieun ngalawan ka-batur2na,

      saukur nembal :'Paduli naha, barina oge da ucing bobodoan,

      moal jadi ucing nyaan !'



  Tangtos wae kakawihan dihiji lembur bisa benten  jeung lembur nu sejenna.



  Hapunten, cekapkeun sakieu tambi tiiseun.

    































































































































































































































































































































































































































































































































































































































































































































































































































































  2 







  

Kirim email ke