Ckckck, beda lah ka wanoja mah. Nembe terang momod ieu milis teh ning jalmi hebat wungkul. Salam baktos atuh ti abdi nu masih Junior. Seueur inpormasi lah ti ieu milis teh. Teras pami kempel kopi darat kedah aya syaratna teu sih?
Wassalam Jaelani ________________________________ Dari: Aa Ican <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Kamis, 6 Agustus, 2009 14:55:57 Judul: Re: [Urang Sunda] tumaros perkawis moderator Bagea, Kang Sumirat. Wilujeng sumping... Nepangkeun oge, abdi nu katelah kumincir, ari wasta mah .... moal beja-beja ah bisi kawentar, jalma asgar, namung ayeuna mah di Jakarta. Perkawis moderator atanapi nu nelah kuncen, di ieu milis aya seueur, dugi ka abdi ge hilap deui saha-sahana, heuheu... Tapi nya di antawisna aya Ua Sasmita di Bandung, bibit buitna ti Tasik, anu kiwari nuju sibuk janten 'purum' alias pimred majalah Sunda Cupumanik (bagaimana rasanyah, Ua?). Teras aya Mang Jamal urang Ciamis, dosen desain di Itenas sakaligus pangarang kahot (dosen tea... jago ngarang!). Lajeng aya deui Kang Trias, tukang ngadamelan turangga hiber alias pesawat terbang. Teras aya 'Apih' Siddik anu masih ngumbara di Korea (geura mulih atuh, Pih! Sanes tos ngabagel?), Kang Eko urang Tasik bandar bajigur di Bogor (kamana wae yeuh..?), Kang Boim urang Sumedang/Bandung bandar gas 3 kiloan, Kang Ndul ti Kuningan nu bisnis properti, Teh Roro di Bandung nu resep ngadongeng, oge tangtos nu ngadegkeun ieu milis, Kang IsRa urang Cirebon. Anapon abdi, sanaos kasep, kumargi panggilan dinas ti kesatuan, ngiring rengrengan kuncen salaku 'juru engklok'. Sakitu bae heula panginten. Saupamina aya anu kirang jelas, mangga tong asa-asa naros, bade ngajapri ge mangga (hususon kanggo nu rumaos wanoja ieu mah!). 2009/8/6 Ii Sumirat N. > >Wilujeng wayah kieu >Nepangkeun deui anu kadua kalina simkuring wasta Sumirat, linggih >ayeuna di Bandung, kanggo kasadayana kulawargi milis ieu. >Sakantenan abdi tumaros perkawis moderatorna, dupi saha? Urang mana? >Sareng biodata lenkepna oge mangga. -- sikandar kumincir.blogspot. com www.urangsunda. or.id su.wikipedia. org Kenapa BBM mesti naik? Apakah tidak ada solusi selain itu? Temukan jawabannya di Yahoo! Answers! http://id.answers.yahoo.com

