Kang Kumi kuring mah aya wae unggal dinten oge mung tiasa noongan dapur wungkul bilih aya email anu nyangkoyot he hehe.....bade konpirmasi kang kumi kuring tos bade sataun liren tos teu janten bandar bajigur deui nyaeta rada sepi terutami mah tos seueur saingan dibogor teh sareng anu kirang jelas teh aturan ti pabrik anu kirang puguh, teu hilap kanggo kang ii sumirat sareng baraya nu enggal sanes nepangkeun kuring.
baktos ERN 2009/8/6 Aa Ican <[email protected]>: > > > Bagea, Kang Sumirat. > > Wilujeng sumping... Nepangkeun oge, abdi nu katelah kumincir, ari wasta mah > .... moal beja-beja ah bisi kawentar, jalma asgar, namung ayeuna mah di > Jakarta. > > Perkawis moderator atanapi nu nelah kuncen, di ieu milis aya seueur, dugi ka > abdi ge hilap deui saha-sahana, heuheu... Tapi nya di antawisna aya Ua > Sasmita di Bandung, bibit buitna ti Tasik, anu kiwari nuju sibuk janten > 'purum' alias pimred majalah Sunda Cupumanik (bagaimana rasanyah, Ua?). > Teras aya Mang Jamal urang Ciamis, dosen desain di Itenas sakaligus > pangarang kahot (dosen tea... jago ngarang!). Lajeng aya deui Kang Trias, > tukang ngadamelan turangga hiber alias pesawat terbang. Teras aya 'Apih' > Siddik anu masih ngumbara di Korea (geura mulih atuh, Pih! Sanes tos > ngabagel?), Kang Eko urang Tasik bandar bajigur di Bogor (kamana wae > yeuh..?), Kang Boim urang Sumedang/Bandung bandar gas 3 kiloan, Kang Ndul ti > Kuningan nu bisnis properti, Teh Roro di Bandung nu resep ngadongeng, oge > tangtos nu ngadegkeun ieu milis, Kang IsRa urang Cirebon. Anapon abdi, > sanaos kasep, kumargi panggilan dinas ti kesatuan, ngiring rengrengan kuncen > salaku 'juru engklok'. > > Sakitu bae heula panginten. Saupamina aya anu kirang jelas, mangga tong > asa-asa naros, bade ngajapri ge mangga (hususon kanggo nu rumaos wanoja ieu > mah!). > > 2009/8/6 Ii Sumirat N. >> >> >> >> Wilujeng wayah kieu >> >> Nepangkeun deui anu kadua kalina simkuring wasta Sumirat, linggih ayeuna >> di Bandung, kanggo kasadayana kulawargi milis ieu. >> >> Sakantenan abdi tumaros perkawis moderatorna, dupi saha? Urang mana? >> Sareng biodata lenkepna oge mangga. > > -- > sikandar > kumincir.blogspot.com > www.urangsunda.or.id > su.wikipedia.org >

