Tadi ngirim sakardus aqua ka pabukon bu Aas, jl. Cagak Banjar Babaka Sari
Jelat Patroman Banjar.

 

Pabukon nu seksi ingkigna kang Mamat Rachmat (Urut) Jajaka Kapakan tea. 

Tadina bade nitip ka beliau ari mudik ka banjar,

Tapi sigana sibuk ngalelempeng kabel telkom, pakepuk ku cicing tea, 

nya supadoz tereh, dititip we liwat pos indonesia-miwarangan petugas gedung
16 pangulinan.

 

Kaleresan ari pabukon banjar mah aya donatur (kenclenger) khususna, kang
Hari Bowie Wibowo tea.  

Nya ditambahan ku dana nu aya, sangkan jejeg pinuh sadus.

 

Kang Bowie teh ngakuna urang jawa, ngan gede di banjar. Kitu tah ari manusa
soleh mah.

Hatur nuhun kang. Oge donatur atawa kenclengers sanesna. 

 

Model kang Bowie bisa ditiru. Misalna, Asgar, nyumbang buku pikeun pabukon
nu aya di wewengkon Garut, ciamis kitu,

Tasik kitu, Bogor kitu, jst. Mudah-mudahan pabukon teh aya tapakna di
barudak sabudeureunana.

 

 

Seksi ingkig yp

mj

 

Kirim email ke