Kacaritakeun aya saurang Ajengan parantos maot, anjeunna dilebetkeun ka Sawarga. Di Sawarga anjeunna ningali kaanehan, naha aya saurang supir beus ditempatkeun di tempat nu leuwih mulya tibatan anjeunna.
"Abdi teu ngartos," ceuk anjeunna ka malaikat." Abdi saumur-umur ibadah jeung nyadarkeun umat supaya leket ibadahna" "Kawijaksanaan didieu gumantung tina hasilna," jawab malaikat. "Cik kumaha waktu anjeun khotbah di dunya, para jamaah merhatikeun kana eusi khotbah anjeun?" "Ah nyaeta," Ceuk Ajengan teh jujur. "Sok aya we, jamaah nu nundutan malah sare tepi ka kerek waktu abdi khotbah teh" Malaikat: "Tah eta masalahna. Anjeun perlu nyaho, para panumpang dina beus nu disupiran ku supir eta tara sarare, panonna molotot terus, malah sabagean mah ngadaro'a!" Baktos, WALUYA

