Aya insinyur ngora kakara lulus ti fakultas, manehna ngilu jadi sarjana sukarelawan di jero kalimantan, ngabimbing para transmigran nu keur ngabukbak leuweung. Waktu manehna keur pakepuk jeung kalkulatorna ngitung legana lahan nu rek dibuka, saurang pagawe lumpat rurusuhan nyampeurkeun ngabejaan: " Pa Insinyur, si Ibro katinggang tangkal kai gede!"
"Sagede kumaha kaina? luhurna sakumaha? Diameterna sabaraha? Ragragna ti katinggian sabaraha? Posisina kumaha? Posisi si Ibro keur kumaha? Dihandapna aya tangkal sejen atawa jukut? Aya cai henteu didinya?", ceuk insinyur teh nanya mani merekpek. "Mangga we tingali ku bapa, kedah ditulungan ayeuna?" "Teu meunang nyieun tindakan diluar komando kuring!", ceuk Insinyur teh bari ngadigdig nempo tempat kacilakaan. Gagancangan manehna nitah ngukur panjang jeung diamater tangkal nu ninggang si Ibro. Manehna oge ngukur heula kecepatan angin, luhurna taneuh tempat tangkal rungkad, oge kondisi taneuhna terus dianalisis serieus pisan. Ngan hanjakal pisan si Ibrona kaburu maot teu kapuluk ... Baktos, WALUYA

