Haduh,,, penuh etangan pisan tah si Insinyur ngora.ckckkckc  nuhun ah kang

 Wassalam
Jaelani




________________________________
Dari: waluya2006 <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Selasa, 11 Agustus, 2009 10:52:28
Judul: [Urang Sunda] (4S) Insinyur Ngora

  
Aya insinyur ngora kakara lulus ti fakultas, manehna ngilu jadi sarjana 
sukarelawan di jero kalimantan, ngabimbing para transmigran nu keur ngabukbak 
leuweung. Waktu manehna keur pakepuk jeung kalkulatorna ngitung legana lahan nu 
rek dibuka, saurang pagawe  lumpat rurusuhan nyampeurkeun ngabejaan: " Pa 
Insinyur, si Ibro katinggang tangkal kai gede!"

"Sagede kumaha kaina? luhurna sakumaha? Diameterna sabaraha? Ragragna ti 
katinggian sabaraha? Posisina kumaha? Posisi si Ibro keur kumaha? Dihandapna 
aya tangkal sejen atawa jukut? Aya cai henteu didinya?", ceuk insinyur teh 
nanya mani merekpek.

"Mangga we tingali ku bapa, kedah ditulungan ayeuna?"

"Teu meunang nyieun tindakan diluar komando kuring!", ceuk Insinyur teh bari 
ngadigdig nempo tempat kacilakaan. Gagancangan manehna nitah ngukur panjang 
jeung diamater tangkal nu ninggang si Ibro. Manehna oge ngukur heula kecepatan 
angin, luhurna taneuh tempat tangkal rungkad, oge kondisi taneuhna terus 
dianalisis serieus pisan. Ngan hanjakal pisan si Ibrona kaburu maot teu kapuluk 
...

Baktos,
WALUYA


   


      &quot;Coba Yahoo! Mail baru yang LEBIH CEPAT. Rasakan bedanya sekarang! 
http://id.mail.yahoo.com&quot;

Kirim email ke