Dina Beus
Geus padedet tetep we beus teh ngetem, teuing nungguan naon, sigana supirna 
keur ngising kored. Atuh hawa dijero beus teh jadi bau tujuh rupa, dalapan rupa 
ketah, da katambah ku bau aseup roko, aya nu melenyun udud bari aseupna kamana 
mendi, nu aya didinya meureun sarua sing gerentes kieu. "Sakitu hareudangna bet 
ngaroko, naon ngeunahna!". Keur padedet kitu anu ngamen kawas keur ngantri 
minyak, kelar hiji,jol deui lima, kabehanana sarua hayang dicecep ku duit 
recehan. Rengse nu ngamen, jle aya peremen na lahunan, leungit peremen jle aya 
benggol nu digagangan paragi ngerok, les benggol jle deui kurupux dorokdok, 
kurupuk dorokdok sirna, jle jeruk sadungkukan, jeruk ngiles, jle aya kotak 
amal, kotak amal ngiles, jle aya nu bahenol na lahunan bari ngaharewos "Bade 
bapaw kang, raos, haneut keneh!" dijawab bari engah engih da asa kahempikan 
gajah. "Moal!" nu bahenol ngomong deui "Kusabab moal, kapaksa abdi moal cengkat 
na lahunan akang!" Sanajan eungap kapaksa sapapanjang jalan ngalalahun tukang 
bapaw. Teu kungsi lila kalalar aya kondektur mentaan ongkos. "Sajalmi nya?" 
ceuk kondektur. "Enya sajalmi, piraku dietang dua, pan abdi mah dipangkon!" 
jawab tukang bapaw bari serengeh. Ih pikasebeleun!(sr) 

Kirim email ke