Saurang bapa nalek ka jajaka kikindeuwan anakna soal kahareupna hubungan jeung 
anakna. Si Jajaka teh kacida relijiusna. 

Si Bapa: "Cik kumaha ieu teh rencanana?"

Jajaka: "Sun abdi bade teras diajar agama sareng moal telat ibadah"

"Luar biasa, tah kumaha carana engke ngimahan budak bapa?", ceuk si Bapa reueus.

Jajaka: "Abdi bakal leket ibadah, engke GUSTI nu bakal nyadiakeun"

"hmmm", ceuk si Bapa, "terus kumaha engke mas kawin jeung acara kawinna?"

Jajaka: "Abdi moal hilap puasa nyenen kemis, engke GUSTI nu bakal nyadiakeun"

Si Bapa: "Tah kumaha lamun boga budak, rek timana ngabiayaan kabutuhan barudak?"

"Bapa entong salempang, GUSTI nu bakal nyadiakeun!", Jawab si Jajaka.

Sabalikna si Jajaka, pamajikan si Bapa buru-buru nanya hayang nyaho jawaban 
panalek si Bapa. Ceuk Si Bapa teh: "Manehna teu boga pagawean jeung teu boga 
rencana nanaon. Ngan hiji hal aya nu alus, MANEHNA NGANGGAP BAPA TEH GUSTI!"

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke