Ha..ha..ha..tepi kabeureiyan macana...eta si bapa mani ngartos pisan kana
jurus ontohod si jajaka.......

On 8/11/09, waluya2006 <[email protected]> wrote:
>
>
>
> Saurang bapa nalek ka jajaka kikindeuwan anakna soal kahareupna hubungan
> jeung anakna. Si Jajaka teh kacida relijiusna.
>
> Si Bapa: "Cik kumaha ieu teh rencanana?"
>
> Jajaka: "Sun abdi bade teras diajar agama sareng moal telat ibadah"
>
> "Luar biasa, tah kumaha carana engke ngimahan budak bapa?", ceuk si Bapa
> reueus.
>
> Jajaka: "Abdi bakal leket ibadah, engke GUSTI nu bakal nyadiakeun"
>
> "hmmm", ceuk si Bapa, "terus kumaha engke mas kawin jeung acara kawinna?"
>
> Jajaka: "Abdi moal hilap puasa nyenen kemis, engke GUSTI nu bakal
> nyadiakeun"
>
> Si Bapa: "Tah kumaha lamun boga budak, rek timana ngabiayaan kabutuhan
> barudak?"
>
> "Bapa entong salempang, GUSTI nu bakal nyadiakeun!", Jawab si Jajaka.
>
> Sabalikna si Jajaka, pamajikan si Bapa buru-buru nanya hayang nyaho jawaban
> panalek si Bapa. Ceuk Si Bapa teh: "Manehna teu boga pagawean jeung teu boga
> rencana nanaon. Ngan hiji hal aya nu alus, MANEHNA NGANGGAP BAPA TEH GUSTI!"
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>  
>

Kirim email ke