Hiji mangsa, si Ibro nu sok ngaheureuykeun Mama Ajengan, papanggih jeung Mama 
Ajengan di Kota, sarua keur papada balanja. Mama Ajengan teh kacida atohna 
papanggih jeung batur salembur, si Ibro diajak nyimpang heula ka restoran Sunda 
nu rada mahal.

Kedewek weh si Ibro teh dahar bareng jeung Mama Ajengan, manehna surti si Mama 
nu bakal mayar. Daharna sagala dicokot tepika beuteungna mendeyang bakating ku 
wareg. Sanggeus dibayar ku Mama Ajengan, Si Ibro ngomong bari ngusapan 
beuteungna: " Mama, punten pisan, moal nganuhunkeun ah, da saur Mama oge pan 
sadayana oge Kagungan Gusti!"

Heuleut opat bulan, Si Ibro balik nyaba tinu jauh, manehna kadungsang-dungsang 
di kota, beakeun duit, beuteungna kukurubukan bakating ku lapar. Kabeneran 
pasanggrok deui jeung Mama Ajengan. Teu sirikna  dirontok Mama Ajengan teh da 
ngarep-ngarep ditraktir dahar deui.

Ibro :"Mama geuning didieu, hayu urang ka restoran itu deui, abdi parantos 
lapar pisan"

Mama Ajengan:"  Ke heula Ibro, Mama rek Menta ijin heula ka Gusti nu Kagungan, 
meunang henteu nraktir Ibro!

Baktos,
WALUYA


  

Kirim email ke