Jang Lamsijan jadi caleg partey politik, manehna kampanyeu dimana-dimana. Di hiji desa manehna kampanyeu, pidato sumanget pisan dihareupeun rakyat desa : "Para saderek sadayana, ibu-ibu sareng bapa-bapa, lamun kuring kapilih engke, bakal diwangun di dieu, SASAK nu alus pisan, keur infra struktur, supaya ekonomi tambah maju!"
Saurang bapa-bapa nyarita rada halon rada bingung: "Tapi punten Pa, di desa ieu mah teu aya walungan, kanggo naon sasak?" Jang Lamsijan: "Ulah salempang bapa-bapa, ibu-ibu, lamun teu aya walungan didieu, urang wangun SASAK sakalian jeung WALUNGANANA!" [Sumber: Ketawa.com] Baktos, WALUYA

