Si Inem, budak rumaja geulis di kampung, ngadadak beuteungna mendeyang. Atuh di 
lembur teh jadi gujrud, saha eta teh nu boga dosa. Nu nyurigakeun  warga, ti 
saprakna mendeyang, Si Inem sering bulak-balik ka imah Ustad. Bakating ku 
curiga, warga nitah si Lamsijan ngintip dina tangkal buah nu ngaroyom ka imah 
Pa Ustad. 

Terekel si Lamsijan teh naek kana tangkal buah, teu jauh diluhureun ruang tamu 
imah Pa Ustad. Bener we teu kungsi lila Si Inem datang ka Imah Pa Ustad, si 
Lamsijan meber-meber ceulina, supaya ngareungeu gunem catur si Inem jeung Pa 
Ustad.

"Teu bisa Inem, teu meunang digugurkeun, eta DOSA GEDE. Tarima we eta geus 
nasib, PASRAHKEUN kumaha CEUK NU DILUHUR!", ceuk pa Ustad bari tutunjuk ka 
luhur.

Gebut, si Lamsijan muragkeun maneh tina tangkal buah, bari terus acong-acongan 
ka Pa Ustad: "Sumpah, Pa Ustad, abdi teu ngiringan, sanes abdi nu ngadamel 
dosa. Abdi mah ngan diburuhan 5000 perak dititah naek kana tangkal buah!"

Baktos,
WALUYA

 


 



Kirim email ke