Si Lamsijan jadi tantara, manehna ditugaskeun di Papua lila pisan. Atuh manehna jadi jauh jeung kabogohna Si Iteung di lembur. Hiji mangsa Si Iteung nyuratan, megatkeun hubungan jeung menta foto manehna dibalikkeun. Bakating ku nyeri hate, si Lamsijan ngumpulkeun foto-foto awewe koleksi babaturanna, terus dikirimkeun kabeh ka si Iteung, bari make panganteur: " Hanjakal pisan Iteung, kuring geus teu bisa nginget deui kumaha rupa Iteung. Pek we teangan ku sorangan nu mana foto Iteung, sesana ulah poho balikkeun deui!
Baktos, WALUYA

