Si Ibro rek nganteur Mama Ajengan nu rek ngeusi acara pangaosan di Sumedang. Kulantaran sieun telat, manehna ngebut sataker kebek. Atuh dicegat pulisi, kapaksa si Ibro eureun.
Pulisi: "Maap, Saderek terang henteu kasalahan saderek? Saderek ngebut mani tarik naker!" Si Ibro: "Aduh punten Pa Pulisi, abdi ngabujeng waktos, ieu Mama Ajengan nu dibonceng kedah ngeusi pangaosan di Sumedang!" Pulisi: "Enya, tapi eta bisa nyilakakeun anjeun atawa batur!" Si Ibro: "Ulah hariwang Pa, GUSTI NYARENGAN abdi" Pulisi: "Komo ari kitu mah, saderek ditilang, sapeda motor TEU MEUNANG DITUMPAKAN KU TILUAN!" Baktos, WALUYA

