Kacaritakeun Si Lamsijan jumaahan, manehna ngalenggut nundutan waktu kotak kencleng ngageser kahareupeunana. Satengah ngalindur manehna kadak-kodok kana saku tukang, maksudna neangan duit receh 500 atawa 1000 perak. Rada hese nyokotna teh tapi akhirna manggih, langsung diasupkeun kana liang kencleng.
Pas pisan kotak kencleng rek digeserkeun deui, aya nu noel ti tukangeun bari nyodorkeun duit lambaran Rp. 50.000. "Deuh mani gede nyumbang teh jeung mani agul, padahal engke we, da kencleng teh pasti nguriling ka tempat manehna", gerentes si Lamsijan bari tetep nampanan duit, langsung didedet-dedet kana liang kencleng. Blus weh duit teh asup, langsung kencleng digeserkeun kanu gigireun. "Pa...pa...artos tadi teh artos bapa, nu ragrag waktos kadak-kodok ka saku pengker", harewos nu ditukang bari noel. Si Lamsijan ngarongheap bari panonna neuteup kotak kencleng nu ngageser beuki ngajauhan .... Baktos, WALUYA

