HUAHUAHUAHUAHUA... alus euyyy tah iyeu kudu di tempel dina masjid2 jeung
mushala mereun

2009/8/18 waluya2006 <[email protected]>

>
>
> Kacaritakeun Si Lamsijan jumaahan, manehna ngalenggut nundutan waktu kotak
> kencleng ngageser kahareupeunana. Satengah ngalindur manehna kadak-kodok
> kana saku tukang, maksudna neangan duit receh 500 atawa 1000 perak. Rada
> hese nyokotna teh tapi akhirna manggih, langsung diasupkeun kana liang
> kencleng.
>
> Pas pisan kotak kencleng rek digeserkeun deui, aya nu noel ti tukangeun
> bari nyodorkeun duit lambaran Rp. 50.000.
>
> "Deuh mani gede nyumbang teh jeung mani agul, padahal engke we, da kencleng
> teh pasti nguriling ka tempat manehna", gerentes si Lamsijan bari tetep
> nampanan duit, langsung didedet-dedet kana liang kencleng. Blus weh duit teh
> asup, langsung kencleng digeserkeun kanu gigireun.
>
> "Pa...pa...artos tadi teh artos bapa, nu ragrag waktos kadak-kodok ka saku
> pengker", harewos nu ditukang bari noel.
>
> Si Lamsijan ngarongheap bari panonna neuteup kotak kencleng nu ngageser
> beuki ngajauhan ....
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>  
>



-- 
Aldo Desatura ® & ©
================
Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata

Kirim email ke