2009/8/25 ua duq <[email protected]>:
>
>
> maca mangkaning inget gunemcaturnya lo oyo jeung mang kaning, kieu geura:
> oyo: "mang ningal domba jalu semu layung lumpat ka dieu?"
> kaning: "henteu lo, teu ningali emang mah."
> oyo: "aduh kumaha atuh nya, mun nepi ka teu kapendak teh? mangkaning bade
> dipeuncit, enjing."
> upama parangsa (sugan we sapaguyuban jeung pa rangsana) mah sok remen dipake
> ku urang bogor. conto kalimahna cara kieu:
> "parangsa aing sia moal jadi datang kang, jadi weh si jelug teu tulus
> dipeuncit, wayahna we nya ayeuna mah daang saaya-aya heula."
>

ari nu kungsi kadenge ku uing dilembur mah, lain /parangsa/ tapi /pangrasa/,
nu hartina ampir sarua jeung /sugan/.

mh

Kirim email ke