Keur anteng we macaan millis bari ngadagoan balik, ujug-ujug aya sora ngaguruh,
sugan teh hujan da rada haleumheum, tapi karasa aya goyang-goyang jeung
tingrareket. Wah ieu mah lini, gancangan lumpat ka luar kantor, untung di lantai
I jeung deukeut panto kaluar. Linina gede, plester tembok di kantor kuring tepi
ka marekplek. Biasana umpama kitu sok leuwih ti 6 richter. Mudah-mudahan teu aya
beja nanaon ah ....

baktos,
WALUYA


Kirim email ke