Di Jakarta oge karasa, kuring di Lt. 10 karasa pisan goyangna. tapi
alhamdulillah, aman teu aya nanaon.
Reka Gayantika wrote:
Ieu ngeunaan gempa ieu tiasa ditoong didieu:
http://earthquake.usgs.gov/eqcenter/recenteqsww/Quakes/at00187810.php
<http://earthquake.usgs.gov/eqcenter/recenteqsww/Quakes/at00187810.php>
-Bohay-
On Sep 2, 2009, at 3:11 PM, waluya56 wrote:
Keur anteng we macaan millis bari ngadagoan balik, ujug-ujug aya sora
ngaguruh,
sugan teh hujan da rada haleumheum, tapi karasa aya goyang-goyang jeung
tingrareket. Wah ieu mah lini, gancangan lumpat ka luar kantor,
untung di lantai
I jeung deukeut panto kaluar. Linina gede, plester tembok di kantor
kuring tepi
ka marekplek. Biasana umpama kitu sok leuwih ti 6 richter.
Mudah-mudahan teu aya
beja nanaon ah ....
baktos,
WALUYA