Aya lini tadi pasosore. Kabeneran keur ngulampreng di upi dina mobil. Supir
(indung budak) ngabejaan. Tadina rek terus ka kota, tapi aya lini gede kitu mah
langsung inget dua incu mitoha di imah. Indung budak ngebut ka tonggohkeun.
Ponsel ngadadak teu nyarambung. Alhamdulillah bebenyit salamet dibawa uwana ka
luar imah. Di imah dispenser aqua bahe. Aya imah tatangga dindingna rengat, beh
ditu mah aya dinding glassbox ambrol oge tembok sameteran pamisah kavling
rempag. Nu rusak di imah ngan dinding ruang ngetik beuki rengat sigana
pondasina joget dihandap ku lini tea. Indungbapa di ciamis salamet oge adi
katilu jeung kulawargana di cibodas tasi. Ngan aya dinding imah nu rengat
cenah. Cenah episentrumna di laut kiduleun tasik.