Imah bapa mah ruksak MJ, di gunung gede mah cenah balong oge nepi ka bahe. Barudak leutik careurik, shock jeung panix tea meureun. Jaba deui listrik paeh, kakara hirup deui jam 8 peuting. karunya ka kolot euy.. enya pas tas aya gempa tuluy nyambung internet, ari heg teh episentrumna di deukeut tasik, tuluy nelepon ka imah. der..teh teu nyarambung ka GSM mah. Tapi nelpon ka Flexi-mah jentre kadenge. Jalma pahibut cenah dilembur oge da sieun karuntuhan tatangkalan jeung imah.....
jangdede 2009/9/2, mj <[email protected]>: > > > > Aya lini tadi pasosore. Kabeneran keur ngulampreng di upi dina mobil. Supir > (indung budak) ngabejaan. Tadina rek terus ka kota, tapi aya lini gede kitu > mah langsung inget dua incu mitoha di imah. Indung budak ngebut ka > tonggohkeun. Ponsel ngadadak teu nyarambung. Alhamdulillah bebenyit salamet > dibawa uwana ka luar imah. Di imah dispenser aqua bahe. Aya imah tatangga > dindingna rengat, beh ditu mah aya dinding glassbox ambrol oge tembok > sameteran pamisah kavling rempag. Nu rusak di imah ngan dinding ruang ngetik > beuki rengat sigana pondasina joget dihandap ku lini tea. Indungbapa di > ciamis salamet oge adi katilu jeung kulawargana di cibodas tasi. Ngan aya > dinding imah nu rengat cenah. Cenah episentrumna di laut kiduleun tasik. > > >

