Kahatur Kang MJ sareng wargi2 akang sadayan.
Manawi katapi ieu seratan K Nata, wirehna sumbangan kangge korban bencana,
mindingan ge ngawakilan ku saha wae ka pangalengan , teras di salurkeun
langsung, atanapi di bagikeun langsung, naha berupa makanan atanapi obat2an
danget ieu anu ki peryogikeun teh, sareng upami tiasa mah langkung sae bagikeun
nana ka anu di pesisian nana, margi anu di pusat pangalengan mah, tos terjamin
langsung ku pemkot,
Punten pisan ieu saran ti sim kuring bilih lepat hartos, sabab, abdi K Nata
anu salah satu korban na, malihan bumi akang ge teu tiasa deui di huni dan
ambruk suhunan nana, nyaeta tepat na anu di kampung Ranca Manyar, janten terang
kumaha situasi aslina ti ngawitan bencana nulai, da kaleresan akang nuju di
ranca manyar, terang kumaha pating gorowok sareng koceak dengek na,
kanten anu langkung utami mah anu di daerah pesisian anu kadang teu ka bagi
ku pusat, najan kabagean, sok lami pisan, dugi ka kalaparan nembe bentuan
dongkap, tapi rada lumayan ayeuna mah, mung nya kitu weh, bumi anu teu tiasa di
tempatan deui mah, warga2 na masih keneh bobo di tenda, jabaning angin
ngagelebug, baseuh ku ibun, kadang kahujanan, wah watir pisan pokona mah, ari
akang mah teu sa-sangsara aranjeuna da gaduh wargi di bale endah, janten akang
sareng kulawargi ngungsi heula, mung hawatos anu teu gaduh wargi di luar
pangalengan.
Sakitu heula weh kabar ti akang, manawi aya manfa'atna. da akang ge trauma
keneh, sareng biasa weh nuju stress ngemutan istri sareng anak, uju mularian
tempat ngiuhan, da teu tiasa lami teuing di bumi wargi ge, da pinuh pisan ku
korban anu sanes na....
Salam baktos weh kasadayana
K Nata
________________________________
From: mj <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, 8 September, 2009 8:58:58 AM
Subject: [Urang Sunda] Kencleng pikeu pangungsi korban lini jabarkid
Ahmad Toha Rp 100.000
Adam Radiman Rp 200.000
Ua Djatnika Rp 100.000 (ti kencleng bulanan yp)
Dany Drajat (riau) Rp 50.000 (ti kencleng bulanan yp)
Tessar Rp 403.000
Total poe senen 7 september 09 isuk-isuk Rp 853.000
Senen 7/9
Hari Wibowo Rp 147.000
Roro Siti Rohmah Rp 50.000
Total Senen beurang Rp 1.050.000.
Salasa isuk-isuk 8/9
Kunkun Paiton Rp. 100.000
Total sadayana Rp 1.150.000
------------ --
Kanu bade ngiringan, mangga transfer ka
BNI ITB bandung an jamaludin
0028086964
BCA Dago bandung an jamaludin
7770265473
Kanu transfer wartosan si kuring sms ka 0811245487 atanapi japri ka
ja...@itenas. ac.id
kanggo dicatet ti saha2na
Kanu bank sanes, mandiri jst, hanjakal teu gaduh, mangga aya mah baraya nu
kersa nampung.
Kalih ti eta, bilih baraya bade nyumbang anggoan layak pakai, saur ceu Etty RS
kamari tiasa cenah. penampunganana duka dimana yeuh. Sigana kaci lah di kantor
redaksi majalah basa Sunda Cupumanik, Jl. Taman Kliningan II no 5 Bandung
__________________________________________________________________________________
Get more done like never before with Yahoo!7 Mail.
Learn more: http://au.overview.mail.yahoo.com/