Waduh...punten atuh kang nata abdi ngiring renyuh ngaos email ti akang... Mugi sing dilancarkeun sagala rupina. Perkawis distribusi dana mah abdi mah satuju wae...
Baktos Tessar --- Sent with System SEVEN - the new generation of mobile messaging - original message - Subject: Re: [Urang Sunda] Kencleng pikeu pangungsi korban lini jabarkid From: "nata natapradja" <[email protected]> Date: 09:09:2009 14:49 Kahatur Kang MJ sareng wargi2 akang sadayan. Manawi katapi ieu seratan K Nata, wirehna sumbangan kangge korban bencana, mindingan ge ngawakilan ku saha wae ka pangalengan , teras di salurkeun langsung, atanapi di bagikeun langsung, naha berupa makanan atanapi obat2an danget ieu anu ki peryogikeun teh, sareng upami tiasa mah langkung sae bagikeun nana ka anu di pesisian nana, margi anu di pusat pangalengan mah, tos terjamin langsung ku pemkot, Punten pisan ieu saran ti sim kuring bilih lepat hartos, sabab, abdi K Nata anu salah satu korban na, malihan bumi akang ge teu tiasa deui di huni dan ambruk suhunan nana, nyaeta tepat na anu di kampung Ranca Manyar, janten terang kumaha situasi aslina ti ngawitan bencana nulai, da kaleresan akang nuju di ranca manyar, terang kumaha pating gorowok sareng koceak dengek na, kanten anu langkung utami mah anu di daerah pesisian anu kadang teu ka bagi ku pusat, najan kabagean, sok lami pisan, dugi ka kalaparan nembe bentuan dongkap, tapi rada lumayan ayeuna mah, mung nya kitu weh, bumi anu teu tiasa di tempatan deui mah, warga2 na masih keneh bobo di tenda, jabaning angin ngagelebug, baseuh ku ibun, kadang kahujanan, wah watir pisan pokona mah, ari akang mah teu sa-sangsara aranjeuna da gaduh wargi di bale endah, janten akang sareng kulawargi ngungsi heula, mung hawatos anu teu gaduh wargi di luar pangalengan. Sakitu heula weh kabar ti akang, manawi aya manfa'atna. da akang ge trauma keneh, sareng biasa weh nuju stress ngemutan istri sareng anak, uju mularian tempat ngiuhan, da teu tiasa lami teuing di bumi wargi ge, da pinuh pisan ku korban anu sanes na.... Salam baktos weh kasadayana K Nata ________________________________ From: mj <[email protected]> To: [email protected] Sent: Tuesday, 8 September, 2009 8:58:58 AM Subject: [Urang Sunda] Kencleng pikeu pangungsi korban lini jabarkid Ahmad Toha Rp 100.000 Adam Radiman Rp 200.000 Ua Djatnika Rp 100.000 (ti kencleng bulanan yp) Dany Drajat (riau) Rp 50.000 (ti kencleng bulanan yp) Tessar Rp 403.000 Total poe senen 7 september 09 isuk-isuk Rp 853.000 Senen 7/9 Hari Wibowo Rp 147.000 Roro Siti Rohmah Rp 50.000 Total Senen beurang Rp 1.050.000. Salasa isuk-isuk 8/9 Kunkun Paiton Rp. 100.000 Total sadayana Rp 1.150.000 ------------ -- Kanu bade ngiringan, mangga transfer ka BNI ITB bandung an jamaludin 0028086964 BCA Dago bandung an jamaludin 7770265473 Kanu transfer wartosan si kuring sms ka 0811245487 atanapi japri ka ja...@itenas. ac.id kanggo dicatet ti saha2na Kanu bank sanes, mandiri jst, hanjakal teu gaduh, mangga aya mah baraya nu kersa nampung. Kalih ti eta, bilih baraya bade nyumbang anggoan layak pakai, saur ceu Etty RS kamari tiasa cenah. penampunganana duka dimana yeuh. Sigana kaci lah di kantor redaksi majalah basa Sunda Cupumanik, Jl. Taman Kliningan II no 5 Bandung __________________________________________________________________________________ Get more done like never before with Yahoo!7 Mail. Learn more: http://au.overview.mail.yahoo.com/

