Tah geuningan aya “persepsi” anu briliyant deui oge yeuh, bisaan si Akang...heuheu... Alhamdulillah...
Enyaan kang, tajug teh nu kitu pisan, asa can lila teuing, boa di pakampungan mah masih keneh kararitu... di tepas imah sok ngajugrug wangunan panggung leutik dijieunna tina bilik tur campernik, biasana sok sasetel antara sumur, tempat beberesih... deuh matak betah... Lamun nu ngabogaan eta tajug teh jalma jegud, nya dijieun permanent, lamun seug bulan puasa siga kieu, aya nu ngereyeuh dares Qur’an, oge aya nu ngadon gogolehean niis neang pitunduheun heuheu.... From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Aa Ican Sent: 11 September 2009 3:34 To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Masjid MUNGSOLKANAS manawi teh mungsolkanas = MUNG nyengSOL ka KANAn Sakedik... urang ari ngiblat ti tatar sunda, nyanghareup ka kulon, nyerong ka katuhu saeutik... :P ngadenge tajug, pamungkas manggih teh basa keur kuliah di bogor, teu jauh ti kamar kontrakan. tiis, sisi susukan, iuh ku tatangkalan, cai ngagolontor... 2009/9/10 Simkuring Mungsolkanas = mangga urang solawat ka nabi saw, rada keom ngaos na tapi kebek ku ideu anu brilyan. Iraha atuh Simkuring nganjang ka eta ‘tajug’ teh nya? insyaAllah mugia -- sikandar kumincir.blogspot.com su.wikipedia.org __________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature database 4406 (20090908) __________ The message was checked by ESET Smart Security. http://www.eset.com

