Euh kitu nyah? Punten we atuh da teu patos terang pami enyaan eta carita kitab suci... enyaan apan simkuring mah anu apal teh carita nu kararitu remen di dongengkeun ku ki dalang anu tangtuna oge seseeurna diadumaniskeun jeung ageman kaIslaman... janten weh rarasaan teh asa karangan ki dalang heuheu....
From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of waluya2006 Sent: 11 September 2009 3:57 To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Fw: Yudhistira > "Simkuring" <alkarta_...@...> wrote: > Simkuring oge kataji ku dongeng eta wayang sanajan mun dikaitkeun > jeung perkara kayakinan (ageman) asa rada cawerang da sidik carita > eta (wayang) nya ngan ukur carita rahayat anu mereun rarangken > mangrupa papatahna nu mundeul nya mucunghul tina pikiran anu > nyieun eta carita, Punten Kang, wayang leres kasenian rakyat, tapi ari carita MAHABARATA mah, keur urang Hindu, kaasup carita/ kitab Suci. Jadi aya hubunganana jeung AGEMAN. Dina agama Hindu lamun teu salah aya opat kitab nu dianggap sakral, VEDA, MAHABARATA, RAMAYANA jeung hiji deui mah kuring poho. Sakralna/ sucina carita MAHABARATA jeung RAMAYANA tiasa ditingali dina relief candi-candi Hindu di urang nu ngagambarkeun lalakon sakral ieu, contona di kompleks candi Prambanan. Candi pan tempat pamujaan urang Hindu sanes? GM oge ukur nyutat kalimah "orang tak menjadi bijaksana hanya dengan mempelajari kitab-kitab suci" ti Nyoman Pendit, nu tangtu we urang Bali jeung Hindu .... Baktos, WALUYA __________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature database 4406 (20090908) __________ The message was checked by ESET Smart Security. http://www.eset.com

