Leres pisan tateh bah, da simkuring ge teu nyebutkeun benci bin lebayiii...
apanan ceuk si kuring dina ugeran pertama oge ngarasa kataji ku carita "nu
karartitu patut", si kuring resep (najan tidak tergile-gile) ku wayang nu
dicaritakeun ku kidalang, da etamah (ceuk kuring keneh) ukur hiburan, cing
sok kolongan pihak anu nganggap GEDE HARTINA ka nu nyebut NU KARARTITU
PATUT, heug urang balikkeun sina nganiley ka "pihak urang" anu nganggap
MULIA, tinangtu maranehna nyebut ka urang teh NU KARARITU PATUT deui wae
heuheuheu, leres teu bah?

Ku kituna, pantes geuning Gusti pernah netelakeun ka para Malaikat, yen
nyiptakeun manusa di ieu alam dunya teh teu leupas dinya nyiptakeun balai,
papaseaan, silih pateni silih mahekeun geutih. Palebah dieu ku inyana
pangersa Gusti Allah nu Langkung Terang (sanes phillips), cobian aya dina
surah alBaqarah 30. Kitu deui perkara kitab suci urang nu Agung, ceuk
maranehnamah teu leuwih ti ukur dongeng-dongeng mangsa baheula, eta
katerangan aya rentul dina ayat-ayat Qur'an...

 

Janten harti perkara dunya tara pernah aman mah, teu tiasa direkayasa supaya
bisa aman salalamina oge, kacuali mun aya kesepakatan misalna, hapus surah
alKafirun dina alQur'an, hapus anggapan2 hina dina bible, hapus ayat2 anu
sarua dina kitab suci yahudi jrrd, (tangtuna oge nu ngatur ieu acara teh
manusa, apan deuk ngarekayasa tea .... heuheu), dina prakna, ayeuna sholat,
isukan kebaktian, pageto ka kuil jeung sinagog, jst, mun tos kieu, mereun
aman (mereun eta oge) saheula anan mah, bral manusa ngaleut ngabandaleut ka
unggal madhab, na'udzubillahi mindzalik..

 

Si kuring teu pati kataji ngamasalahkeun carita rahayat, carita mistik,
carita wangun novel jrrd, etamah mungguh sidik ngarana oge carita, beuki
alus ugeran nya beuki luhur "rating" na, tapi si kuring nu rada teu "nerap"
teh kana perkara "kata-kata bijak" anu nyebut hubungan antara wijaksana
jeung kitab suci, enya bener pisan ceuk ki nyoman eta, moal aya hubunganna
antara wijaksana jeung diajar kitab suci, kuring satuju pisan, ngan anu rada
hemeng, mun ieu katarima sagelempengan kunu can ngarti (nu nganggap yen
beuki jero diajar kitab suci bakal "lulus" jadi jalma wijaksana) eta bisa
nyasabkeun, der weh sumanget (ghirah) keur diajar kitab suci ngadon parareum
kusabab ieu 'kata-kata bijak' tea, ceunah (mereun tage dina pipikiranana
ngagundem catur).... "heeuh nya geuning nu aralus diajar kitab suci oge
ngadon dianggap ekstrimis, oportunis, kadituna teroris jeung tumis, mun kitu
mah bener jalma teh teu wijak geuning nyosok jero diajar kitab suci, ah
mendingan jadi jalma teu nyaho nanaon we...ngarah ngeunah"... hmmm...

Tah ieu nu matak reuwas ceuk si kuring teh bah.... ari perkara dongeng dan
cerita, fabel, legenda jrrd mah kuring ge teu ngagunasika sanajan nyebut "nu
kararitu patut", jalma bisa beunghar ku nu "kararitu patut" kusabab bukuna
payu, ieu misalna...heuheuheu...teu jadi masalah, resep we nu aya da mun
bisa mah nginjeum duit kamanehna teh heuheuheu....

 

Punten pisan kasadayana bilih nyigeung, apan remen si kuring maca dina ieu
milis, teu nanaon komentar naon bae oge ari masih keneh dina lingkup basa
sunda mah, punten oge si kuring nyabit-nyabit ayat dina AlQu'an.... 

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of waluya2006
Sent: 12 September 2009 8:09
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Fw: Yudhistira

 

 

> "Simkuring" <alkarta_...@...> wrote:
> Heeuh nya.... mending ngacung... da enyaan atuh, kana pelajaran nu 
> kararitu patut mah rada teu patos ngarti jeung intinamah teu patos 
> paduli (ngan henteu we ditambahan ku abrig abrigan) hehehe.... 

Tah eta Kang nu matak Dunya teh tara aman wae, loba paseana, sabab teu silih
hargaan jeung saling pengertian. Di hiji pihak ukur dianggap NU KARITU
PATUT, padahal ku pihak sejen dianggap GEDE HARTINA. Tuntungna teu nyambung
der weh jadi pagentreng.

Carita MAHABARATA loba nu resep, sabab loba lenyepaneunana. Salah sahiji
buktina, salian nu didongengkeun ku dalang, oge Komikna nu dijieun ku RA
Kosasih di taun 1960'an, best seller, tepi ka ayeuna oge masih dijual di
toko buku. 

Jadi nu KARITU PATUT teh loba oge nu mikaresep!

Baktos,
WALUYA





__________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature
database 4419 (20090912) __________

The message was checked by ESET Smart Security.

http://www.eset.com

Kirim email ke