Geuning sasih siam teh atos samporet kieu.
Ngahaturakeun wilujeng boboram siam 1 syawal 1430 H, bilih kantos nyungkelit
dina ati, tugenah dina manah, kasiku catur, katajong omong ku pribados, mugi
ridho ngahpunten samudaya kalepatan.
Bilih aya langkung saur bahe carek
Kaciwit kulit kabawa daging
Tunggul dirurut catang dirumpak
Nyungkelit ati teugeunah manah
Mudut pangampura
Wilujeung boboran siam
Wening galih nu dipamrih
Jembar manah nu dipilampah
Wilujeng boboran siam 1430H,
kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan
Sugrining runtah kalepatan dina manah
nyeuri peurihna ati sanubari
mugia lubar ku silaturahmi
Wilujeng boboran siam 1430 H
Taqobalallahu minaa waminkum
Sanajan raga paanggang, teu bisa amprok dampal panangan
Ngan saukur bisa ngirim surat, chating jeung SMSsan
Kalayan dibarengan ku kaihlasan, neda dihapunten samudaya kalepatan
“Taqobalallohu mina wa minkum syiamana wa syiamakum”
Wilujeng Boboran Syiam 1430 H
Kedaling rasa nu pinuh ke bangbaluh hate,
urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh,
meungpeung wanci can mustari.
Neda dihapunten kana samudaya kalepatan,
bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur,
katajong omong dina cariosan anu matak ngarahetkeun
kana manah, kumargi urang mah teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng
kakhilafan. Sim kuring ngahaturkeun Taqabalallahu
Minna Wa Minkum, Wilujeung Boboran Siam 1430 H
Wajib militer di Indonesia? Temukan jawabannya di Yahoo! Answers!
http://id.answers.yahoo.com