Wilujeng boboran hapunten anu kasuhun ka sadayana
Ngomong <http://humor-sunda.blogspot.com/2009/09/ngomong-we-rek-nitah.html> We Rek Nitah! Jam satengah dua peuting, Mang Juho dihudangkeun ku pamajikanana. "Kang....itu di dapur siga aya nu rek ngabangsat! Buru hudang Kang!! Sampeurkeun!" Ceuk pamajikanana bari nepakan. "Bener Nyi? Keun ku Akang urang hapuk tah bangsat teh!" Korejat, Mang Juho hudang. Langsung manehna mawa bedog nu aya di palang dada. Nepi ka dapur, Mang Juho culang-cileung. "Nyiiiiiii... geuning euweuh nanaon!" Mang Juho ngajorowok ka pamajikanana nu aya di kamer. "Ah, maenya Kang? Kaaaaaaaaang... sakalian ka dieu deui, pangnyandakkeun cai nya? Nyai haus yeuh!" Sieun <http://humor-sunda.blogspot.com/2009/09/sieun-keneh-ku-tukang-kiridit.html> Keneh ku Tukang Kiridit Mang Uded hirupna ripuh pisan. Hutang ka tukang kiridit geus teu katulungan. Manehna kapaksa nyumput, hirup nyorangan di imah leutik deukeut leuweung. Salain hutang nu numpuk jeung kasieun ditagih ku tukang kiridit, ayeuna manehna malah gering ripuh. Hiji waktu di luar aya nu keketrok. "Punteeen.Mang Udeeeeed aya di lebet?" tanya nu di luar. Gebeg... Mang Uded ngagebeg da sieun nu datang teh tukang kiridit nu rek nagih. "Saha di luar?" "Abdi, malaikat maut!" "Oooh... sukur atuh. Sugan teh tukang kiridit!" Gajih <http://humor-sunda.blogspot.com/2009/09/gajih-datang-bulan.html> = Datang Bulan Naon saruana gajih jeung datang bulan? Datangna sabulan sakali. Beakna sarua saminggu. Lamun telat datang? Matak picilakaeun! Kondom <http://humor-sunda.blogspot.com/2009/08/kondom-hideung.html> Aya hiji budak nu kulitna hideung kabina-bina. Hiji poe manehna balik sakola ceurik, ngadu ka Bapana. “Pa, Ujang mah isin di sakola sok disirikan wae ku rerencangan. Maranehna sok ngalandih Ujang: Si Lestreng! Kunaon atuh, Pa Ujang teh bet hideung-hideung teuing?” tanya budak bangun nu sedih. Pok Bapana ngajawab: “Kieu caritana mah Ujang! Baheula Bapa Bapa jeung indung hidep karek kawin, Bapa teh hayang make kondom ameh indung hidep teu wara boga anak. Tah Bapa teh ka apotek meuli kondom. Ari pek, kondom nu dijual ngan tinggal dua warna, hideung jeung hejo. Nya Bapa milih meuli nu hideung. Pek teh pas dipake, eta kondom bocor..nya ayeuna jadi wae hidep. Sok pikiran ku Ujang, kumaha mun harita Bapa milih nu warna hejo? Meureun kulit hidep teh jiga si HULK. Jeung sing sabar Ujang. Yeuh..Presiden Afrika oge, hideung-hideung beunghar!” Jadi Miskin <http://humor-sunda.blogspot.com/2009/08/jadi-miskin.html> Aya hiji awewe nu ampir sataun kawin, ngobrol jeung babaturan heubeulna. “Yeuh, salaki kuring mah..ayeuna saprak kawin jeung kuring geus jadi jutawan!” ceuk eta awewe. “Atuh, syukur. Milik geuning salaki anjeun mah. Ari baheulan salaki teh jadi naon atuh samemeh jadi jutawan teh?” tanya babaturanana panasaran. “Euh, ari memeh kawin jeung kuring mah...milyuner!” Undip <http://humor-sunda.blogspot.com/2009/08/undip-unpad.html> - Unpad Dina beus ka Cicaheum-keun si Somad sakorsi jeung hiji wanoja. Somad: “Mulih ti mana, Neng?” Wanoja: “Kaleresan mulih ti kampus bade uih ka Bandung!” Somad: : “Kuliah di mana kitu, Neng?” Wanoja: “Di Undip...Universitas DIPonegoro!” Somad: “Upami kitu mah sami atuh..abdi oge di Unpad” Wanoja: “Ih..benten atuh, Kang!” Somad: “Sami atuh..Unpad teh apanan Universitas PAngeran Diponegoro! Nyandak jurusan naon?” Ditilang <http://humor-sunda.blogspot.com/2009/08/ditilang.html> Waktu si Sardun numpak motor, manehna norobos lampu beureum. Priiiiiiit...manehna ditilang ku polisi. Polisi: “Naha saderek teu ningali lampu geus beureum, hah? Sangeunahna wae ngajalankeun motor teh!” Sardun: “Ningali pisan, Pa. Ngan hanjakal...” Polisi: “Hanjakal naon?” Sardun: “Muhun hanjakal tadi abdi teu ningali aya Bapa!” Itikaf <http://humor-sunda.blogspot.com/2009/08/itikaf-itik-cup.html> = Itik Cup Udi : “Le, maneh rek miluan itikaf moal engke peuting di masjid?” Udo: “Wah, jigana mah moal euy. Kuring mah rek miluan domba cup wae!” Udi: ~%$!! Kere <http://humor-sunda.blogspot.com/2009/08/kere-mah-jeung-lalaki-we.html> Mah, Jeung Lalaki We! Hiji waktu aya saurang lalaki asup ka imah bordil di komplek prostitusi. “Kuring hayang awewe hiji...!” ceuk eta lalaki ka mucikari. “Juhro! Titah si demplon siap-siap!” si mucikari ngagorowok ka layanna. “Tarifna sabaraha?” tanya eta lalaki ka mucikari. “Tarifna dua juta! Ieu mah kelas tinggi” ceuk eta mucikari. “Wah, nu rada murah ti dinya atuh!” si lalaki neang nu rada murah. “Juhro! Titah si bohay siap-siap!” Si mucikari nngagorowok deui ka jongosna. “Tarifna sabaraha?” tanya lalaki sieun kamahalan teuing. “Tarifna sajuta.” Jawab si mucikari. “Masih mahal teuing. Danana teu cukup!” si lalaki ngahuleng ngadenge tarifna mahal teuing mah. “Juhro! Titah si eplok cendol siap-siap!” si mucikari ngagorowok menta layanna nyiapkeun awewe nu lain nu leuwih murah ti batan tadi. “Tarifna sabaraha?” tanya si lalaki bangun peunggas harepan sieun hasratna teu kasalurkeun gara-gara duitna cekak.. “Tarifna 250 rebu!” jawab si mucikari. “Wah, masih kamahalan teuing keneh atuh. Kuring ngan boga 5 rebu!” ahirna si lalaki jujur. Ngadenge kitu mah, si mucikari langsung ngagorowok: “Juhrooooooo! Siapkeun diri maneh we. Layanan ku maneh sabisana tah jalma kere teh. Cape aing mah... hanas titadi ditawaran!” _____ Mencari <http://sg.rd.yahoo.com/id/messenger/trueswitch/mailtagline/*http:/id.messenger.yahoo.com/invite/> semua teman di Yahoo! Messenger? Undang teman dari Hotmail, Gmail ke Yahoo! Messenger dengan mudah sekarang!

