"Cageur Ya?", saur Kang Kus ka kuring, biasa anjeunna mah sok nga Kang Kus keun
ka kuring mah, teuing kunaon. Tgl 25 September, minggu kamari kuring
kapapancenan kudu mapag Kang Kus ka VIP-2 Bandara International Incheon di
Korea.
"Damang Bapa teh?", teu nyebut Kang Kus da hareupeun para gegeden nagara
saperti Duta Besar Nicholas Damen jeung Ketua Badan POM RI, Ibu. Kusniah
Thamrin Akib.
Na...mobil...gutreng ngobrol ngaler ngidul, tug nepi ka Bojong Soang.
"Dupi Bapak teh asli timana Pak?" cekeng teh.
"Uing mah asli Bojong Soang Bandung, di imah hirup ku budaya jawa, tapi ari
kaluar tina golodog mah....100% Sunda,....anyway...ilaing Ya resep ngurek?"
saur Kang Kus.
"Ngala belut Pa?"
"Enya..., resep euy baheula keur budak....sigana matak hideung ge uing teh
pedah sok apruk-aprukan ngurek, nyair ngalaan betrik jeung gendot di kokocoran
jeung kamalir di sawah-sawah Bojong Soang, malah sok nepi ka lebah Citarum di
Dayeuh Kolot...resep euy...", saur anjeunna bari nyawang mangsa ka tukang.
"Pa..geuningan rada sae jalan ka Dayeuh Kolot nu ti Gordon Buah Batu teh,
ayuena mah disemen sagala," ceuk kuring.
"Nyeta panan mun saya ka lembur matuh Bojong Soang, da nepi ka ayeuna oge anger
aya imah di Bojong Soang salian ti rorompok nu kolot teh, teu mungkin lah saya
mah melupakan Bojong Soang...teu rek poho kumaha atuh Ya..da saya mah lahir di
Bojong Soang, gede di Bojong Soang, naek sapedah ti Bojong Soang ka Lengkong,
enya ka SMAN 7 Bandung...sakapeung kana bemo.... Malah basa saya jadi rektor
ITB mah kungsi aya kereteg kumaha nya lamun ITB diganti lain Institut Teknologi
Bandung tapi Institut Teknologi Bojong Soang...., cinta pisan euy Ya saya mah
ka Bojong Soang teh...lembur matuh banjar karang pamidangan tea. Tah lamun
balik teh sok macet jeung jalanna butut, rajet, siga balong....ah pok bae saya
teh ngomong ka Mentri Transfortasi....omean tuh jalan Buah Batu - Dayeuh
Kolot...hahhahhaha" Saur Kang Kus.
"Muhun nya Bojong Soang mah panan katelah, tempat lahirna si Jalak Harupat Otto
Iskandardinata tea nya Pa, sanes kitu..."ceuk kuring.
"Bojong Soang tea atuh Ya....matakna saya mah mun ditanya aslina timana?
Ah..jawaban teh tara nyebut asli jawa asli sunda...tetap saja asli Bojong
Soang...."
(Obrolan jeung KK nu disarungsum)
Cag...