Haha judul carponpon ieu, Panineungan mentri hehe. Sman 7 jaman babaturan mah 80an awal cenah sakolaan tukang garelut. Boa ti jaman KK nya.
-----Original Message----- From: Rukayadi Yaya <[email protected]> Date: Wed, 30 Sep 2009 15:13:35 To: <[email protected]> Subject: [Urang Sunda] Menristek, Kusmayanto Kadiman, asli Bojong Soang Bandung "Cageur Ya?", saur Kang Kus ka kuring, biasa anjeunna mah sok nga Kang Kus keun ka kuring mah, teuing kunaon. Tgl 25 September, minggu kamari kuring kapapancenan kudu mapag Kang Kus ka VIP-2 Bandara International Incheon di Korea. "Damang Bapa teh?", teu nyebut Kang Kus da hareupeun para gegeden nagara saperti Duta Besar Nicholas Damen jeung Ketua Badan POM RI, Ibu. Kusniah Thamrin Akib. Na...mobil...gutreng ngobrol ngaler ngidul, tug nepi ka Bojong Soang. "Dupi Bapak teh asli timana Pak?" cekeng teh. "Uing mah asli Bojong Soang Bandung, di imah hirup ku budaya jawa, tapi ari kaluar tina golodog mah....100% Sunda,....anyway...ilaing Ya resep ngurek?" saur Kang Kus. "Ngala belut Pa?" "Enya..., resep euy baheula keur budak....sigana matak hideung ge uing teh pedah sok apruk-aprukan ngurek, nyair ngalaan betrik jeung gendot di kokocoran jeung kamalir di sawah-sawah Bojong Soang, malah sok nepi ka lebah Citarum di Dayeuh Kolot...resep euy...", saur anjeunna bari nyawang mangsa ka tukang. "Pa..geuningan rada sae jalan ka Dayeuh Kolot nu ti Gordon Buah Batu teh, ayuena mah disemen sagala," ceuk kuring. "Nyeta panan mun saya ka lembur matuh Bojong Soang, da nepi ka ayeuna oge anger aya imah di Bojong Soang salian ti rorompok nu kolot teh, teu mungkin lah saya mah melupakan Bojong Soang...teu rek poho kumaha atuh Ya..da saya mah lahir di Bojong Soang, gede di Bojong Soang, naek sapedah ti Bojong Soang ka Lengkong, enya ka SMAN 7 Bandung...sakapeung kana bemo.... Malah basa saya jadi rektor ITB mah kungsi aya kereteg kumaha nya lamun ITB diganti lain Institut Teknologi Bandung tapi Institut Teknologi Bojong Soang...., cinta pisan euy Ya saya mah ka Bojong Soang teh...lembur matuh banjar karang pamidangan tea. Tah lamun balik teh sok macet jeung jalanna butut, rajet, siga balong....ah pok bae saya teh ngomong ka Mentri Transfortasi....omean tuh jalan Buah Batu - Dayeuh Kolot...hahhahhaha" Saur Kang Kus. "Muhun nya Bojong Soang mah panan katelah, tempat lahirna si Jalak Harupat Otto Iskandardinata tea nya Pa, sanes kitu..."ceuk kuring. "Bojong Soang tea atuh Ya....matakna saya mah mun ditanya aslina timana? Ah..jawaban teh tara nyebut asli jawa asli sunda...tetap saja asli Bojong Soang...." (Obrolan jeung KK nu disarungsum) Cag...

