nedunan panyeluk sorangan heuheu, ieu hasil lalayaran dina internet. cenah cek versi balai pustaka, dewi gedeng permoni teh awewe geulis nu bogoheun ka batara guru. terus tatapa menta sangkan bisa jadi pamajikan batara guru. dikabul tapi ukur lahir/awakna wungkul. sedengkeun batin/roh/jiwana mah kudu patukeur jeung dewi uma (pamajikan sejen batara guru) nu kudu ngalaman robah wujud jadi buta. jadi pamajikan batara guru teh lahirna mah dewi gedeng permoni sedengkeun jiwana jiwa dewi uma, pamajikan batara guru nu awal. sedengkeun awak dewi uma nu geus robah jadi buta dieusian ku jiwa dewi gedeng permoni. tah dina carita nu kabaca ku kuring mah teu kacatur naha awak buta dewi uma teh kanyahoan ku batara guru atawa henteu. ngan nu jelas engkena buta ieu bakal kawin jeung buta sakti, batara kala. ieu buta teh hasil parobahan tina kama/sperma batara guru. kieu caritana mah, batara guru maksa mirusa dewi uma (nu awakna mah awak dewi gedeng permoni tea) di luhureun sapi andini, sangkan daek ngalayanan napsuna. dewi uma hasil menghindari paksaan batara guru. ngan sperma batara guru (punten mun jadi porno nya) kaburu ngacret ka luar murag ka jero jaladri, nu saterusna robah jadi bola seuneu buta, tah bola seuneu ieu nu jadi bakal batara kala teh.
hiji hubungan nu pikalieureun nya? tah cek cenah eta oge, dewi gedeng permoni teh boga pancen pikeun ngagoda jalma hade, bageur. salian ti gedeng permoni ngaran sejen ti ieu dewi nyaeta: batari durga. Sedengkeun persi sundana mah rada beda. gedeng permoni teh mimitina mah lain bogoheun ka batara guru, tapi ka arjuna. kahayangna laksana. jeung arjuna dewi gedeng permoni bisa kawin. ngan teu sugema. teu ngarasa cukup kawin ka ukur tingkat manusa. hayang kawin ka dewa. nya indit ninggalkeun arjuna. randa arjuna ieu tuluy naksir ka batara guru. ti dieu carita kadituna mah sarua jeung nu di luhur. kaputusan tuker raga jeung buta bakal jadi penyesalan dewi gedeng permoni. penyesalan ieu ngabalukarkeun manehna terus usaha satekah polah balik deui ka arjuna. ku sabab ditolak wae nya ambek kapegung, ahirna mah sang dewi teh ukur bisa nyieun kaonaran.... sakitu meureun ti kuring mah, bener henteuna mah duka da ukur nyarikeun panimu. tah kumaha hubunganna carita di luhur jeung carita kang yaya, duka teuing. ukur kang yaya nu tiasa ngawalerna heuheu duq 2009/10/4 ua duq <[email protected]> > haturan sadayana > > naha nu ngarasa/hayang jadi 'gedeng permoni' teh geuning kabeh lalaki nya? > kang tantan jeung kang irpan. pan tos jelas katulis ku kang yaya, 'dewi' > cenah 'gedeng permoni' teh. ari sakanyaho mah dewi teh awewe. najan tadina > mah lain keur manusa, ukur sesebutan keur dewa awewena. terus dina carita > jaman baheula dewi oge jadi sesebutan keur manusa awewe nu lain samborong, > kudu aya teureuh ningrat. anak raja misalkeun. ngan geuning ari kiwari mah > aran dewi geus samborong keur awewe. sing saha wae bisa boga aran atawa > sesebutan dewi.... > > nya karak di dieu kuring manggih aya lalaki nu ngarasa/hayang jadi dewi.... > > heuheu........... nu di luhur mah heureuy ah > > balik ka masalah kang yaya nu geus hoream ka lembur ku sabab aya 'dewi > gedeng permoni' tea , kuring mah sapuk jeung usulan kang kumi. utamana dina > palebah kapalay sababara urang sangkan kang yaya nembrakeun saha-sahana > 'sang dewi' teh. eta cenah keur pikiraneun sarerea, cek kuring mah sangkan > ieu kasus jadi pikiraneun (teu sambarangan nulis di ieu lembur) da teu kudu > apal saha persis jelemana nu dipake kahoream ku kang yaya. pastina mah kang > yaya ge lain geuleuh ka jelemana, ukur hoream kana kalakuanna/tulisan eta > 'sang dewi' di ieu milis. > > sangkan urang bisa ngagiwar tina ngalakukeun kalakuan jiga nu geus > dilakukeun ku eta jalma nepi ka kang yaya hoream ka lembur, urang kudu apal > saha ari dewi gedeng permoni teh. jigana teu ukur kuring nu wanoh ka sang > dewi eta teh ukur kitu-kitu wungkul. wanoh ukur hasil tina dedengean saliwat > sabari serius seuseurian ningali bojegan si cepot. ku ayana kitu tinimbang > urang ngadongsok ka kang yaya sangkan ngaluarkeun aran nu jadi ulon-ulon > kahoreamanana, mendingan mangga ka baraya, nu apal saha jeung kumaha ari > dewi gedeng permoni teh, ka parayun keur medar lalakon eta sang dewi. da cek > beja mah ieu dewi teh tokoh wayang sunda salian si cepot. ku kituna, ku > dipedarna ieu lalakon kasundaan urang ge bakal tambah jembar.... > > sakitu pamendak simuing, nuhun > > duq > > > -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

