Dewi Gedeng Permoni = Lambang Kajahatan, teu perduli gender.
Kapanan geus tidituna, di dunya mah papasangan, aya hade aya goreng.
Kagorengan / Kajahatan moal bisa euweuh, sabab "diperlukeun" he.he..he..
Lamun kabeh jalma harade, teu perlu aya Nabi /Rosul. Moal aya satria
jeung pahlawan. Beh dieuna, pulisi ge teu diperlukeun.
Jadi urang kudu "berterima kasih" kana kajahatan. Ku ayana eta, jutaan
anak Pulisi, Jaksa jeung Hakim bisa kaparaban.
he..he..he..
ua duq wrote:
nedunan panyeluk sorangan heuheu, ieu hasil lalayaran dina internet.
cenah cek versi balai pustaka, dewi gedeng permoni teh awewe geulis nu
bogoheun ka batara guru. terus tatapa menta sangkan bisa jadi
pamajikan batara guru. dikabul tapi ukur lahir/awakna wungkul.
sedengkeun batin/roh/jiwana mah kudu patukeur jeung dewi uma
(pamajikan sejen batara guru) nu kudu ngalaman robah wujud jadi buta.
jadi pamajikan batara guru teh lahirna mah dewi gedeng permoni
sedengkeun jiwana jiwa dewi uma, pamajikan batara guru nu awal.
sedengkeun awak dewi uma nu geus robah jadi buta dieusian ku jiwa dewi
gedeng permoni. tah dina carita nu kabaca ku kuring mah teu kacatur
naha awak buta dewi uma teh kanyahoan ku batara guru atawa henteu.
ngan nu jelas engkena buta ieu bakal kawin jeung buta sakti, batara
kala. ieu buta teh hasil parobahan tina kama/sperma batara guru. kieu
caritana mah, batara guru maksa mirusa dewi uma (nu awakna mah awak
dewi gedeng permoni tea) di luhureun sapi andini, sangkan daek
ngalayanan napsuna. dewi uma hasil menghindari paksaan batara guru.
ngan sperma batara guru (punten mun jadi porno nya) kaburu ngacret ka
luar murag ka jero jaladri, nu saterusna robah jadi bola seuneu buta,
tah bola seuneu ieu nu jadi bakal batara kala teh.
hiji hubungan nu pikalieureun nya?
tah cek cenah eta oge, dewi gedeng permoni teh boga pancen pikeun
ngagoda jalma hade, bageur. salian ti gedeng permoni ngaran sejen ti
ieu dewi nyaeta: batari durga.
Sedengkeun persi sundana mah rada beda. gedeng permoni teh mimitina
mah lain bogoheun ka batara guru, tapi ka arjuna. kahayangna laksana.
jeung arjuna dewi gedeng permoni bisa kawin. ngan teu sugema. teu
ngarasa cukup kawin ka ukur tingkat manusa. hayang kawin ka dewa. nya
indit ninggalkeun arjuna. randa arjuna ieu tuluy naksir ka batara
guru. ti dieu carita kadituna mah sarua jeung nu di luhur. kaputusan
tuker raga jeung buta bakal jadi penyesalan dewi gedeng permoni.
penyesalan ieu ngabalukarkeun manehna terus usaha satekah polah balik
deui ka arjuna. ku sabab ditolak wae nya ambek kapegung, ahirna mah
sang dewi teh ukur bisa nyieun kaonaran....
sakitu meureun ti kuring mah, bener henteuna mah duka da ukur
nyarikeun panimu. tah kumaha hubunganna carita di luhur jeung carita
kang yaya, duka teuing. ukur kang yaya nu tiasa ngawalerna heuheu
duq
2009/10/4 ua duq <[email protected]
<mailto:[email protected]>>
haturan sadayana
naha nu ngarasa/hayang jadi 'gedeng permoni' teh geuning kabeh
lalaki nya? kang tantan jeung kang irpan. pan tos jelas katulis ku
kang yaya, 'dewi' cenah 'gedeng permoni' teh. ari sakanyaho mah
dewi teh awewe. najan tadina mah lain keur manusa, ukur sesebutan
keur dewa awewena. terus dina carita jaman baheula dewi oge jadi
sesebutan keur manusa awewe nu lain samborong, kudu aya teureuh
ningrat. anak raja misalkeun. ngan geuning ari kiwari mah aran
dewi geus samborong keur awewe. sing saha wae bisa boga aran atawa
sesebutan dewi....
nya karak di dieu kuring manggih aya lalaki nu ngarasa/hayang jadi
dewi....
heuheu........... nu di luhur mah heureuy ah
balik ka masalah kang yaya nu geus hoream ka lembur ku sabab aya
'dewi gedeng permoni' tea , kuring mah sapuk jeung usulan kang
kumi. utamana dina palebah kapalay sababara urang sangkan kang
yaya nembrakeun saha-sahana 'sang dewi' teh. eta cenah keur
pikiraneun sarerea, cek kuring mah sangkan ieu kasus jadi
pikiraneun (teu sambarangan nulis di ieu lembur) da teu kudu apal
saha persis jelemana nu dipake kahoream ku kang yaya. pastina mah
kang yaya ge lain geuleuh ka jelemana, ukur hoream kana
kalakuanna/tulisan eta 'sang dewi' di ieu milis.
sangkan urang bisa ngagiwar tina ngalakukeun kalakuan jiga nu geus
dilakukeun ku eta jalma nepi ka kang yaya hoream ka lembur, urang
kudu apal saha ari dewi gedeng permoni teh. jigana teu ukur kuring
nu wanoh ka sang dewi eta teh ukur kitu-kitu wungkul. wanoh ukur
hasil tina dedengean saliwat sabari serius seuseurian ningali
bojegan si cepot. ku ayana kitu tinimbang urang ngadongsok ka kang
yaya sangkan ngaluarkeun aran nu jadi ulon-ulon kahoreamanana,
mendingan mangga ka baraya, nu apal saha jeung kumaha ari dewi
gedeng permoni teh, ka parayun keur medar lalakon eta sang dewi.
da cek beja mah ieu dewi teh tokoh wayang sunda salian si cepot.
ku kituna, ku dipedarna ieu lalakon kasundaan urang ge bakal
tambah jembar....
sakitu pamendak simuing, nuhun
duq
--
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk