Weekend kamari (saptu jeung minggu) ngadon ulin ka Surabaya.
Niat mah ngan hayang ulin, hayang nyaho kota surabaya, cenah alus jeung gede
(kakara apal)
Nepi ka surabaya teh jam 4 janari, dijemput ku babaturan di terminal
Purabaya nu terkenal copet jeung kajahatannana. Nya nepi we ka imahna di
daerah Darmo Boulevard.
Isuk2 jam 6 geus dihudangkeun titah mandi jeung sarapan.
Jam 7 saptu isuk2 miang kukurilingan di kota Surabaya. Mimitimah ka
Gramedia, trus ka City Of Tommorow (cenahmah mal panggedena di kota Sby),
trus ka Pakuwon, ka ITS nongkrong jeung babaturan nu baheula panggih keur
usum demo.
Sajajalan uing kagum, surabaya teh memang kota gede mun dibandingkeun
Semarang nu ku kuring di diukan ayeuna. Gdong2 anu jararangkung jeung
galalede.
Huiji deui, kuring ulin ka Masjid Al Akbar, edun.....kubahna jangkung jeung
katempona megah.
Kaburu solat magrib heula didinya teh. Tuluy ka starbucks ngadon nongkrong
bari ninum kopi anu kacida mahalana (tapi da di traktir). Surabaya teh lega
kacida, nu kaasup pasisian oge ramena kacida. Mal galalede oge loba,
sikuring sapopoe asup ka 6 mal, ITC, CITO, galaxy, trus loba deui nu ngarana
teu inget bin poho deui.
Tas solat magrib, tuluy ulin ka Kenjeran bari ninggali Jatim Expo. Dina
remang2 loba pasangan n keur bobogohan....


Tah Poe mingguna, sikuring ulin kasalasapuluhna produk putra anak negeri,
jembatan Suramadu. Asup momotoran tiketna 3.000 rupia, maju balik 6000.
gening sabalik teh 15 menitan. PP 30 menit. Pangalaman nu munggaran eta
teh......

Hanjakal kamerana teu kabawa jadi teu aya oleh2 gambarna, aya oge dina HP,
tapi pan gambarna terbatas pisan.



salam
jangdede

Kirim email ke