Kang aya nu kaliwat !
wah, asa kumaha nya lamun teu ka dinya?
komo lamun rumasa lalaki mah.
eta ka Gang Dolly he..he..he...
***kuring can pernah ka Surabaya
jangdede wrote:
Weekend kamari (saptu jeung minggu) ngadon ulin ka Surabaya.
Niat mah ngan hayang ulin, hayang nyaho kota surabaya, cenah alus
jeung gede (kakara apal)
Nepi ka surabaya teh jam 4 janari, dijemput ku babaturan di terminal
Purabaya nu terkenal copet jeung kajahatannana. Nya nepi we ka imahna
di daerah Darmo Boulevard.
Isuk2 jam 6 geus dihudangkeun titah mandi jeung sarapan.
Jam 7 saptu isuk2 miang kukurilingan di kota Surabaya. Mimitimah ka
Gramedia, trus ka City Of Tommorow (cenahmah mal panggedena di kota
Sby), trus ka Pakuwon, ka ITS nongkrong jeung babaturan nu baheula
panggih keur usum demo.
Sajajalan uing kagum, surabaya teh memang kota gede mun dibandingkeun
Semarang nu ku kuring di diukan ayeuna. Gdong2 anu jararangkung jeung
galalede.
Huiji deui, kuring ulin ka Masjid Al Akbar, edun.....kubahna jangkung
jeung katempona megah.
Kaburu solat magrib heula didinya teh. Tuluy ka starbucks ngadon
nongkrong bari ninum kopi anu kacida mahalana (tapi da di traktir).
Surabaya teh lega kacida, nu kaasup pasisian oge ramena kacida. Mal
galalede oge loba, sikuring sapopoe asup ka 6 mal, ITC, CITO, galaxy,
trus loba deui nu ngarana teu inget bin poho deui.
Tas solat magrib, tuluy ulin ka Kenjeran bari ninggali Jatim Expo.
Dina remang2 loba pasangan n keur bobogohan....
Tah Poe mingguna, sikuring ulin kasalasapuluhna produk putra anak
negeri, jembatan Suramadu. Asup momotoran tiketna 3.000 rupia, maju
balik 6000. gening sabalik teh 15 menitan. PP 30 menit. Pangalaman nu
munggaran eta teh......
Hanjakal kamerana teu kabawa jadi teu aya oleh2 gambarna, aya oge dina
HP, tapi pan gambarna terbatas pisan.
salam
jangdede