Perwira Polri Gelut jeung Perwira TNI! Ieu kajadian kamari pisan di hareupeun hiji mall di Bandung. Danki Brimob nu pangkatna AKP gelut jeung Mayor CPM. Duanana masih keneh marake baju dines kasampak keur silih sorongot jeung popolotot bari ngacung-ngacungkeun pestol. Saacan kajadian silih tembak, selentreng salah saurang Satpam mall kaluar. Manehna buru-buru ngabejaan bari nga-awas-awas ka jalema-jalema nu keur balawiri bisi keuna ku pelor nyasab. Kaayaan beuki panas, eta Satpam satekah polah misahkeun oknum TNI-POLRI nu keur silih tonjok. Bakat ku hese misahkeun, tuntungna eta Satpam teu bisa nahan emosi, teu antaparah dua oknum ditampiling!!! Karasa aya nu nampiling, dua oknum nu keur gelut, eureun. Pestol nu can kaburu dibekaskeun, diselapkeun deui dina wadahna. Kabeneran aya wartawan nu keur neangan berita di di dinya. Ningali Satpam nu wanian nampiling dua perwira sakaligus, wartawan langsung ngawawancara eta Satpam. Satpam ngajawab,"Maranehna teh budak kuring, ti leuleutik mun gelut sok kudu we ditampiling, karek areureun"*
Ih, mani seurieus maca teh baraya*hihihi*. ======================================== Aya nu nyabit-nyabit nami abdi langsung we mucunghul yeuh*heheh* Alhamdulillah, damang Teh Astrid. Sami-sami, wilujeng Boboran Siam, neda dihapunten samudaya kalepatan. Ih, puguh we atuh Teh, kedah satia satuhu ka NKRI ari cinta ka lemah cai mah. Tong boro ngajaga NKRI, tuh Kang Luigi Pralangga ngiring nimbrung di Afrika Selatan. Margahayu! eh, Dirgahayu TNI! ro2 anakolong >>> [email protected] 10/05/09 06:23PM >>> Assallammuallaikum wrwb............... Wilujeung tepang deui sareung abdi astrid,tos sababaraha sasih teu ngiring nimbrung.Parantos sono kabaraya sadayana,teh Roro kumaha damang? Sanaos parantos leuir abdi nyuhunkeun di hapunteun lahir bathin.......... Kabaraya bilih aya seorang prajurit TNI,wilujeung HUT TNI ka 64 Taun,mudah-mudahan urang sadayana setia terhadap NKRI harga mati,harepan kapayuna TNI ulah gugur lantaran pasilitas anu parantos teu berkulitas,berjuang dan gugurlah demi agama dan NKRI........ Salam baktos,Astrid

