Si horeng teh October Mop...HUT TNI.......

On 10/6/09, Roro Rohmah <[email protected]> wrote:
>
>
>
>  *Perwira Polri Gelut jeung Perwira TNI!*
>
>
>
> Ieu kajadian kamari pisan di hareupeun hiji mall di Bandung. Danki Brimob
> nu pangkatna AKP gelut jeung Mayor CPM. Duanana masih keneh marake baju
> dines kasampak keur silih sorongot jeung popolotot bari ngacung-ngacungkeun
> pestol. Saacan kajadian silih tembak, selentreng salah saurang Satpam mall
> kaluar. Manehna buru-buru ngabejaan bari nga-awas-awas ka jalema-jalema nu
> keur balawiri bisi keuna ku pelor nyasab.
>
>
>
> Kaayaan beuki panas, eta Satpam satekah polah misahkeun oknum TNI-POLRI nu
> keur silih tonjok. Bakat ku hese misahkeun, tuntungna eta Satpam teu bisa
> nahan emosi, teu antaparah dua oknum ditampiling!!!
>
>
>
> Karasa aya nu nampiling, dua oknum nu keur gelut, eureun. Pestol nu can
> kaburu dibekaskeun, diselapkeun deui dina wadahna. Kabeneran aya wartawan nu
> keur neangan berita di di dinya. Ningali Satpam nu wanian nampiling dua
> perwira sakaligus, wartawan langsung ngawawancara eta Satpam.
>
>
>
> Satpam ngajawab,”Maranehna teh budak kuring, ti leuleutik mun gelut sok
> kudu we ditampiling, karek areureun”…
>
>
>
>
>
> Ih, mani seurieus maca teh baraya…hihihi….
>
> ========================================
>
> Aya nu nyabit-nyabit nami abdi langsung we mucunghul yeuh…heheh…
>
> Alhamdulillah, damang Teh Astrid. Sami-sami, wilujeng Boboran Siam, neda
> dihapunten samudaya kalepatan. Ih, puguh we atuh Teh, kedah satia satuhu ka
> NKRI ari cinta ka lemah cai mah. Tong boro ngajaga NKRI, tuh Kang Luigi
> Pralangga ngiring nimbrung di Afrika Selatan. Margahayu!  eh, Dirgahayu TNI!
>
>
>
> ro2
>
> anakolong
>
> >>> [email protected] 10/05/09 06:23PM >>>
> **
> *Assallammuallaikum wrwb............... *
> *Wilujeung tepang deui sareung abdi astrid,tos sababaraha sasih teu
> ngiring nimbrung.Parantos sono kabaraya sadayana,teh Roro kumaha damang?
> Sanaos parantos leuir abdi nyuhunkeun di hapunteun lahir bathin..........
> Kabaraya bilih aya seorang prajurit TNI,wilujeung HUT TNI ka 64
> Taun,mudah-mudahan urang sadayana setia terhadap NKRI harga mati,harepan
> kapayuna TNI ulah gugur lantaran pasilitas anu parantos teu
> berkulitas,berjuang dan gugurlah demi agama dan NKRI........*
> **
> *Salam baktos,Astrid*
>
>  
>

Kirim email ke