> trias santosa <triassant...@...> wrote: > Saha atuh nu bisa ngaarealisasikeun ngimpina Mbak Tutut, nyieun > Danau gede di Bandung Selatan.
Kutan rencana situ jieunan di sabudeureun Gedebage/ Sapan teh ide Mbak Tutut? Lamun teu lepat mah ide eta teh sering disebat-sebat waktos gubernur Jabar Nuriana. Ayeuna mah tara aya nu nyabit-nyabit deui, panginten biayana ageung jeung kalemahan situ jieunan biasana taneuh namper (sedimentasi) nu nyababkeun umur situ janten sakeudeung. Padahal Citarum, saperti umumna walungan di Indonesia nyandak taneuh seueur. Ceuk beja mah Saguling oge umurna bakal leuwih pondok tibatan nu direncanakeun .... Baktos, WALUYA

