Hiji mangsa, beres kuliah nu ngan ukur gagambaran, pasosore, genepan urang indonesia ngobrol jeung dosen. Obrolan kamana mendi, make basa inggris sabisa-bisa. Nepi ka bagean ieu, "ari di indonesia, kumaha mun aranjeun nganggur? Maksudna teu boga pagawean atawa panghasilan?"
Ditanya kitu babaturan rada bengong. Komo si kuring. Tapi boga ari jawaban mah. "oh, biasana nya mun kolot teu bisa, urang milu ka mamang, bibi, ua, tatangga loma (aslina dina basa inggris, relatives). Di indonesia ikatan kekeluargaan masih kuat." Cekeng teh. Si dosen imut senyum. (lain imut kanjut da istri). Sigana nanya kitu teh pikeun nyaritakeun kondisi di nagarana, kieu cenah, "mun di denmark mah, mun anjeun nganggur, teu boga penghasilan, anjeun tinggal datang ka kantor balekota. Lapor. Ke bale kota ngirim tunjangan bulanan." Si kuring ngarti maksudna oge babaturan. Terus babaturan nu urang bdg ngaharewos ka ceuli si kuring, "mun cara kitu diterapkeun di urang, bisa bangkrut nagara!" Hahaha. ---- Carita nyata di arkitekskole Philip de lange ale 10, Kopenhagen 1997

